Babasan Wawacan Arti Sareng Conto Kalimahna Lengkap Bagian 1

  Babasan Wawacan Arti Sareng Conto Kalimahna Lengkap Bagian 1

Babasan nyaéta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa, atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman. Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna  Kabur pangacian artina reuwas kacida nepi ka meh leungiteun kasadaran. Conto kalimah : kop kana dompet terus ngalinting roko, tapi teu diseungeut ieuh, dicecepeng wae pasemon kawas nu kabur pangacian.  Adam lali ing tapel artina poho ka duduluran jeung ka baraya. Conto kalimah : Jeung eta teu kapalanggelona si Abdullah teh, kapan Ujang Kusen teh baraya manehanana, naha nepi ka dipalin pamajikanana, padahal buruhna teh ngan ukur lungsuran baju potongan jeung duit rurupiaan, nepi ka Adam lali ing tapel.  Adat kakurung ku iga artina adat jeug sipat jalma nu goreng anu hese leungitna, henteu bisa diomean deui. Conto kalimah : abong adat karurung ku iga kawasna Pa Paran mah. Ngomong na teh hih - bangun sangeunahna pisan, sabeledagna.  Adigung artina sombong, gede hulu. Conto kalimah : teu kaemut gunana, adigung takabur, kalah jiga nu mapanas, ka sasama raja di sejen nagari.  Adil palamarta artina sipat jalma, biasana raja, nu matang sarta henteu beurat sabeulah dina nyangharepan perkara. Conto kalimah : budina luhung, sugih abdi tur sugih harti, gede timbanganana, pinuh ku panemu, sabar adil palamarta, bersih manah ahli bakti ka Yang Widi.  Ngadu-ngadu rajawisuna artina ngahasut kaditu ka dieu nepi timbul pacogregan gede. Conto kalimah : lain ngadu-ngadu rajawisuna, lain nyiar pipaseaeun. Ieu mah ku bawaning teu kuat nahan pangajakna hate.  Adu jajaten artina ngadu kawani jeung kabisa, gelut. Conto kalimah : Poe Ahad engke jam salapan cenah, di dagoan di Ciluncat, urang ngadu jajaten.  Adu telu tampar tiga artina nu aya urusan diriungkeun atawa tarung bebeakan dina ngabela kayakinan. Conto kalimah : Urang sarerea cangcut taliwanda, prung tarung adu elu ampar tiga perang jeung walanda geusan mageuhan kamerdikaan.  Agul ku payang butut artina agul ku tuturunan atawa kokocoran luhur, biasana anu marake gelar raden. Conto kalimah : Ceuk urang kitu soteh, da nu agul ku payung butut mah beda deui. Turunan nu diutamakeun teh, kajeun kokoro asal terah menak.  Neda atawa mugi agung cukup lumur artina ungkara anu biasa diucapkeun ku nu ngarasa boga dosa sangkan dosana dihampura tapi sok diucapkeun deuih dina rupa-rupa kasempetan nyarita dina riuangan resmi sanajan saenyana euweuh masalah dosa. Conto kalimah : Kilang kitu mugi agung cukup lumur, reh sim abdi kamalancang, rumaos sanes babad sanes tanding.  Ulah luhur kumagungan hayang ngapak-ngapak langit artina ulah sombong asa aing beunghar atawa pinter leuwih ti nu sejen. Conto kalimah : pek diri geura rendahkeun, hate geura peruhkeun, ulah luhur kumagungan, hayang gapak-ngapak langit, sumawonna rek ngahina ka salaki.  Elmu ajug artina mapatahan batur hal anu ku sorangan mah henteu dipigawe. Conto kalimah : ajengan teh sok mesek gorengna elmu ajug. Ari elmu ajug teh nya eta, mere elmu ka batur (mapatahan), tapi manehna sorangan henteu ngamalkeun.  Ngajul bulan ku asiwung artina ngalakukeun hal anu taya gunana da mustahil kahontal. Conto kalimah : Kilang kitu mugi agung cukup lumur, reh sin abdi kumalancang, rumaos sanes babad sanes tanding, kalebet kana paripaos ngajul bulan ku asiwung, piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.  Lamun henteu ngakal  moal ngakeul artina lamun henteu daek usaha moal bisa barangdahar. Conto kalimah : Mapan aya paribasa lamun teu ngakal moal ngakeul, hartina lamun henteu daek digawe moal barang dahar.  aku-aku angga  artina ngan ukur ngaku bae ngarasa nu boga. Conto kalimah : Jadi anging Nu Agung Anu Maha Kawasa anu kagunganana. Manusa mah kabeh ge ukur aku-aku angga.  Ti alas peuntas artina ti tanah sebrang, nuduhkeun yen jauh. Conto kalimah : Jauh kaula teh ti alas peuntas.  Bungah amarwata suta artina ngarasa bungah anu pohara. Conto kalimah : Ajeungan bingahna amarwata suta, ginuluran bagja, putra jeung mantu wilujeung.  Ambek nyedek tanaga midek artina ngagambarkeun kaayaan jalma anu sanajan ngarasa ambek jeung hayang ngalawan, tapi henteu bisa kukumaha sabab nu disanghareupanana lain lawaneun manehna. Conto kalimah : Tapi sanajan napsu kuring ngagugudug, hate panas munggah ngentab, beungeut asa direrab, ku lantaran leungeun ditalian tea, ambek nyedek tanaga midek, napsu nguwung amarah teu kabudalkeun.  ambekna sakulit bawang artina nuduhkeun jalma anu gampang ngambek.  Conto kalimah : Diwangwangna, jangkung gede, kumis baplang, paromanna kereng, ambek na sakulit bawang.  Anak pangsujudan artina anak anu diugung-ugung didama-dama. Conto kalimah : Kari dua peuting deui kudu pindah, ku sabab eta mungguh tuan Haji Abdul Raup jeung pamajikanana teu kira-kira nya ngangres atina, kawantu budak diogo, anak pangsujudan; saumurna taca ngarasa misah jeung kolot.  Anak merak kukuncungan artina tabeat jeung sipat kolot nu hadena sok turun ka anak. Conto kalimah : Ari ku kitu tea mah, anak merak kukuncungan, da jenatna bapana ge jalma bageur kacida.  Jelema andar-andar artina jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana (galandangan). Conto kalimah : Di Kutamaya oge jenuk pamuk endar pahlawan, teu mudu muyang ka jalma andar-andar.  Andar-andar urang curug ngebul artina pikeun nyebut jalma anu henteu puguh asal-usulna bari ngahinakeun. Conto kalimah : Moal enya akang nu geus sakieu kakolotan, tur laas-laas oge urang teh aya keneh turunan, nepi ka daek dikutiplak ku cacah kuricakan, ku jelema katalayah, andar-andar urang curug ngebul!  Ngarampa angen sorangan artina dina nyarita atawa ngalakukeun tindakan ka nu sejen, henteu mikirkeun yen batur baris nyerieun hatena. Conto kalimah : Matak sebel teh Aom Usman ku ngahajakeun make ngadeheman jeung ngajak seuri, ieu aing putra menak, teu nyagap angen sorangan.  Ngimpi ge di angir mandi artina cadu, baid, kaayaan atawa lampah anu dijauhan, ulah nepi ka kaimpi-impikeun acan. Conto kalimah : Jaman harita mah jelema teh majar ngimpi ge diangir mandi boga anak jadi ronggeng.  Cara anjing tutung buntut artina henteu daek cicing, lanjang-linjing ku sabab henteu sabar. Conto kalimah : Cara anjing tutung buntut asup bijil teu ngeunah cicing, hayang geura nyalukan Nyi Piah.  Dianjing cai artina diheroan Conto kalimah : Geus karuhan deui ari rupana mah ! Kungsi dianjing cai ku Elang Surya teureuh Kanoman.  Ti kikirik nepi ka jadi anjing artina ti leutik keneh nepi ka gede. Conto kalimah : Horeng anjeun teh musuh kami. Boro weh dirorok ku Uwa Raksa suargi ti kikirik nepi ka jadi anjing.  Nganyar-nganyari artina nyieun kalakuan atawa nembongkeun sikep nu anyar, beda ti sasari. Conto kalimah : Paingan tuang ibu nganyar-nganyari siga nu ijid ari tepang jeung ceuceu teh  Anyar pinanggih artina kakara tepung, teu wawuh samemehna. Conto kalimah : Teu kaharti mikiran, naha Panghulu bet siga nyaah ka jelema anyar pinanggih, siga nu dagdag-degdeg nguruskeun.  Teu aral subaha artina henteu ngarasula, nampa kumaha ayana. Conto kalimah : cukup ku teu aral subaha oge, sabar tawekal.  Ngalangeu atawa ngadaweung ngabangbang areuy artina henteu puguh pipikiran, jarauh panineungan. Conto kalimah : ngalamun henteu karuhan, ngadaweung ngabangbang areuy, teu puguh nu dipikiran, ciciptan kumalayang ka nu anggang.  Geus teu asa jeung jiga artina nuduhkeun hubungan anu deukeut pisan nepi ka taya kakagok. Conto kalimah : Ku lantaran manehna ka sarudin teh geus teu asa jeung jiga, rarasaanana geus teu beda jeung ka dulur pet ku hinis, bet jol bae bijil wawanenna hayang ngabelaan sarudin.  Masing asak jeujeuhan artina samemeh mutuskeun nanaon kudu dipikir heula dibulak balik ambeh ulah kaduhung ahir na. Conto kalimah : Urang kudu percaya, tapi sing timburu, eta memang hese pisan, cekel pageuh ilat-ilat temah wadi, masing anak jeujeuhan.  Kedah asak sasar artina kudu matang timbangan, ulah kejot borosot. Conto kalimah : Utamina mungguh anu jadi ratu, kedah asak sasar, dina mutus perkawis teh, dawuh raja kedah jadi ucap tunggal.  Nu asih dipulang sengit, nu nyaah dipulang mah artina ngagambarkeun jalma nu henteu nyaho mulang tarima, nepi ka nyieun kagorengan ka jalma anu geus mikaasih atawa nulungan manehna dina waktu keur nyanghareupan karerepet. Conto kalimah : Harib putra Patih Muhatib, nu diteungteuingan ku andika. Nu Asih dipulang sengit, ditincak hulu, da sobari mah teu aya timburu yen pamajikanana mangduakeun  Handap asor artina sabalikna tina sombong, sareh jeung henteu gumede. Conto kalimah : Naja enya luhur kuta gede dunya, Ki Sudagar handap asor, sareseh jeung bear budi, katambah ku murah tangan.  Kagok asong artina kapalang eus maju, era mun mundur deui, atawa wirang lamun ngabatlkeun. Conto kalimah : Tos kitu mah jadi kagok asong tungtungna mah narima kana kadar wae.  Atah sasar artina kurang duduga peryoga, henteu ngayakeun panalungtikan nu taliti samemeh mutuskeun hiji hal. Contoh kalimah : Beuki lila beuki yakin, yen anjeunna teh atah sasar, kalejokeun ku nu bohong, percanten kana omongan jijieunan.  Tara eleh atah-atah artina tara gampang putus asa, tara gampang sumerah dina keur ngalaksanakeun naon bae ge. Conto kalimah : Ku jawaban nu sakitu pondokna, geus ngelemeng pasipatanana. Tegar, tara eleh carita atah-atah.  Atah warah artina kurang atikan, teu terang sopan santun, deukeut kana kurang ajar. Conto kalimah : Rumaos jalma atah warah. Kasar garihal ari sasauran.  Ateul biwir artina hayang ngomong atawa ngomongkeun bae. Conto kalimah : Kawas nu ateul biwir mun nenjo Amin dahar isuk-isuk teh, kudu bae ngagorowok.  Garo-garo teu ateul artina gagaro lain ku sabab ateul, tapi ku sabab aya masalah anu sarwa salah nepi ka matak bingung atawa matak keuheul. Conto kalimah : Tapi sok hanjelu malah sok garo haro teu ateul lamun keur uleng anteng ngimeutan peta hiji-hijina teh, jol wae bogo lauk galak nu nya kasar nya bolotot.  Ati mungkir beungeut nyanghareup artina ngagambarkeun jalma anu kumawula henteu jeung hatena, upamana awewe anu dipaksa kawin ku kolotna ka jelema anu henteu dipikacinta ku manehna. Conto kalimah : Dina kapaksana, Nyi Mojang kapaksa ati mungkir beungeut nyanghareup, atuh dina prungna panganten anu sabeulah alum mesum, paroman teu daek berag (Pacang : 13)  Ati asa digerihan artina ngalaman kanyeri jeung kasedih nu pohara ku sabab, upamana, henteu kaburu tepung jeung kolotna samemeh duanana maot. Conto kalimah : Taya deui ngan huleng jentul, ngadaweung  ngabangbang areuy, ati asa digerihan, nyeri ku dua ku tilu.  Kabeuli ati artina kataji ku kalakuan atawa omongan anu pikaresepeun. Tapi bisa oge ku lantaran geus narima ruruba sangkan biluk ka nu merena. Conto kalimah : Datang ka padaleman, ka karaton dagang emas inten, barana mahal, tara raga-rogo, bener gekna, alus pokna. Ku kitu oge jelema teh geus kabeuli atina.  awak keur tiis artina awak keur apes, keur sue, sagala gagal. Conto kalimah : Awewe ieu teh, tur awak sabeulah! Nganclang di pangumbaraan, anggang ti kadang wargana.  Awet rajet artina laki rabi anu salaki pamajikanana parasea bae, tapi henteu nepi ka pipisahan. Conto kalimah : Barabat nyarioskeun kaawonanana laki-rabi awet rajet, ku sabab eta tungtungna mundut dikeser.  Awewe mah gede bendunganana artina dina nyanghareupan pangajak kana kalakuan nu henteu bener, awewe mah leuwih kuat manan lalaki. Conto kalimah : Gamparan langkung uninga, awewe mah gede bendunganana, moal enya mayang henteu kalangkangan.

Babasan nyaéta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa, atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman. Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna.

Kabur pangacian artina reuwas kacida nepi ka meh leungiteun kasadaran.
Conto kalimah : kop kana dompet terus ngalinting roko, tapi teu diseungeut ieuh, dicecepeng wae pasemon kawas nu kabur pangacian.

Adam lali ing tapel artina poho ka duduluran jeung ka baraya.
Conto kalimah : Jeung eta teu kapalanggelona si Abdullah teh, kapan Ujang Kusen teh baraya manehanana, naha nepi ka dipalin pamajikanana, padahal buruhna teh ngan ukur lungsuran baju potongan jeung duit rurupiaan, nepi ka Adam lali ing tapel.

Adat kakurung ku iga artina adat jeug sipat jalma nu goreng anu hese leungitna, henteu bisa diomean deui.
Conto kalimah : abong adat karurung ku iga kawasna Pa Paran mah. Ngomong na teh hih - bangun sangeunahna pisan, sabeledagna.

Adigung artina sombong, gede hulu.
Conto kalimah : teu kaemut gunana, adigung takabur, kalah jiga nu mapanas, ka sasama raja di sejen nagari.

Adil palamarta artina sipat jalma, biasana raja, nu matang sarta henteu beurat sabeulah dina nyangharepan perkara.
Conto kalimah : budina luhung, sugih abdi tur sugih harti, gede timbanganana, pinuh ku panemu, sabar adil palamarta, bersih manah ahli bakti ka Yang Widi.

Ngadu-ngadu rajawisuna artina ngahasut kaditu ka dieu nepi timbul pacogregan gede.
Conto kalimah : lain ngadu-ngadu rajawisuna, lain nyiar pipaseaeun. Ieu mah ku bawaning teu kuat nahan pangajakna hate.

Adu jajaten artina ngadu kawani jeung kabisa, gelut.
Conto kalimah : Poe Ahad engke jam salapan cenah, di dagoan di Ciluncat, urang ngadu jajaten.

Adu telu tampar tiga artina nu aya urusan diriungkeun atawa tarung bebeakan dina ngabela kayakinan.
Conto kalimah : Urang sarerea cangcut taliwanda, prung tarung adu elu ampar tiga perang jeung walanda geusan mageuhan kamerdikaan.

Agul ku payang butut artina agul ku tuturunan atawa kokocoran luhur, biasana anu marake gelar raden.
Conto kalimah : Ceuk urang kitu soteh, da nu agul ku payung butut mah beda deui. Turunan nu diutamakeun teh, kajeun kokoro asal terah menak.

Neda atawa mugi agung cukup lumur artina ungkara anu biasa diucapkeun ku nu ngarasa boga dosa sangkan dosana dihampura tapi sok diucapkeun deuih dina rupa-rupa kasempetan nyarita dina riuangan resmi sanajan saenyana euweuh masalah dosa.
Conto kalimah : Kilang kitu mugi agung cukup lumur, reh sim abdi kamalancang, rumaos sanes babad sanes tanding.

Ulah luhur kumagungan hayang ngapak-ngapak langit artina ulah sombong asa aing beunghar atawa pinter leuwih ti nu sejen.
Conto kalimah : pek diri geura rendahkeun, hate geura peruhkeun, ulah luhur kumagungan, hayang gapak-ngapak langit, sumawonna rek ngahina ka salaki.

Elmu ajug artina mapatahan batur hal anu ku sorangan mah henteu dipigawe.
Conto kalimah : ajengan teh sok mesek gorengna elmu ajug. Ari elmu ajug teh nya eta, mere elmu ka batur (mapatahan), tapi manehna sorangan henteu ngamalkeun.

Ngajul bulan ku asiwung artina ngalakukeun hal anu taya gunana da mustahil kahontal.
Conto kalimah : Kilang kitu mugi agung cukup lumur, reh sin abdi kumalancang, rumaos sanes babad sanes tanding, kalebet kana paripaos ngajul bulan ku asiwung, piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.

Lamun henteu ngakal  moal ngakeul artina lamun henteu daek usaha moal bisa barangdahar.
Conto kalimah : Mapan aya paribasa lamun teu ngakal moal ngakeul, hartina lamun henteu daek digawe moal barang dahar.

aku-aku angga  artina ngan ukur ngaku bae ngarasa nu boga.
Conto kalimah : Jadi anging Nu Agung Anu Maha Kawasa anu kagunganana. Manusa mah kabeh ge ukur aku-aku angga.

Ti alas peuntas artina ti tanah sebrang, nuduhkeun yen jauh.
Conto kalimah : Jauh kaula teh ti alas peuntas.

Bungah amarwata suta artina ngarasa bungah anu pohara.
Conto kalimah : Ajeungan bingahna amarwata suta, ginuluran bagja, putra jeung mantu wilujeung.

Ambek nyedek tanaga midek artina ngagambarkeun kaayaan jalma anu sanajan ngarasa ambek jeung hayang ngalawan, tapi henteu bisa kukumaha sabab nu disanghareupanana lain lawaneun manehna.
Conto kalimah : Tapi sanajan napsu kuring ngagugudug, hate panas munggah ngentab, beungeut asa direrab, ku lantaran leungeun ditalian tea, ambek nyedek tanaga midek, napsu nguwung amarah teu kabudalkeun.

ambekna sakulit bawang artina nuduhkeun jalma anu gampang ngambek.
Conto kalimah : Diwangwangna, jangkung gede, kumis baplang, paromanna kereng, ambek na sakulit bawang.

Anak pangsujudan artina anak anu diugung-ugung didama-dama.
Conto kalimah : Kari dua peuting deui kudu pindah, ku sabab eta mungguh tuan Haji Abdul Raup jeung pamajikanana teu kira-kira nya ngangres atina, kawantu budak diogo, anak pangsujudan; saumurna taca ngarasa misah jeung kolot.

Anak merak kukuncungan artina tabeat jeung sipat kolot nu hadena sok turun ka anak.
Conto kalimah : Ari ku kitu tea mah, anak merak kukuncungan, da jenatna bapana ge jalma bageur kacida.

Jelema andar-andar artina jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana (galandangan).
Conto kalimah : Di Kutamaya oge jenuk pamuk endar pahlawan, teu mudu muyang ka jalma andar-andar.

Andar-andar urang curug ngebul artina pikeun nyebut jalma anu henteu puguh asal-usulna bari ngahinakeun.
Conto kalimah : Moal enya akang nu geus sakieu kakolotan, tur laas-laas oge urang teh aya keneh turunan, nepi ka daek dikutiplak ku cacah kuricakan, ku jelema katalayah, andar-andar urang curug ngebul!

Ngarampa angen sorangan artina dina nyarita atawa ngalakukeun tindakan ka nu sejen, henteu mikirkeun yen batur baris nyerieun hatena.
Conto kalimah : Matak sebel teh Aom Usman ku ngahajakeun make ngadeheman jeung ngajak seuri, ieu aing putra menak, teu nyagap angen sorangan.

Ngimpi ge di angir mandi artina cadu, baid, kaayaan atawa lampah anu dijauhan, ulah nepi ka kaimpi-impikeun acan.
Conto kalimah : Jaman harita mah jelema teh majar ngimpi ge diangir mandi boga anak jadi ronggeng.

Cara anjing tutung buntut artina henteu daek cicing, lanjang-linjing ku sabab henteu sabar.
Conto kalimah : Cara anjing tutung buntut asup bijil teu ngeunah cicing, hayang geura nyalukan Nyi Piah.

Dianjing cai artina diheroan
Conto kalimah : Geus karuhan deui ari rupana mah ! Kungsi dianjing cai ku Elang Surya teureuh Kanoman.

Ti kikirik nepi ka jadi anjing artina ti leutik keneh nepi ka gede.
Conto kalimah : Horeng anjeun teh musuh kami. Boro weh dirorok ku Uwa Raksa suargi ti kikirik nepi ka jadi anjing.

Nganyar-nganyari artina nyieun kalakuan atawa nembongkeun sikep nu anyar, beda ti sasari.
Conto kalimah : Paingan tuang ibu nganyar-nganyari siga nu ijid ari tepang jeung ceuceu teh

Anyar pinanggih artina kakara tepung, teu wawuh samemehna.
Conto kalimah : Teu kaharti mikiran, naha Panghulu bet siga nyaah ka jelema anyar pinanggih, siga nu dagdag-degdeg nguruskeun.

Teu aral subaha artina henteu ngarasula, nampa kumaha ayana.
Conto kalimah : cukup ku teu aral subaha oge, sabar tawekal.

Ngalangeu atawa ngadaweung ngabangbang areuy artina henteu puguh pipikiran, jarauh panineungan.
Conto kalimah : ngalamun henteu karuhan, ngadaweung ngabangbang areuy, teu puguh nu dipikiran, ciciptan kumalayang ka nu anggang.

Geus teu asa jeung jiga artina nuduhkeun hubungan anu deukeut pisan nepi ka taya kakagok.
Conto kalimah : Ku lantaran manehna ka sarudin teh geus teu asa jeung jiga, rarasaanana geus teu beda jeung ka dulur pet ku hinis, bet jol bae bijil wawanenna hayang ngabelaan sarudin.

Masing asak jeujeuhan artina samemeh mutuskeun nanaon kudu dipikir heula dibulak balik ambeh ulah kaduhung ahir na.
Conto kalimah : Urang kudu percaya, tapi sing timburu, eta memang hese pisan, cekel pageuh ilat-ilat temah wadi, masing anak jeujeuhan.

Kedah asak sasar artina kudu matang timbangan, ulah kejot borosot.
Conto kalimah : Utamina mungguh anu jadi ratu, kedah asak sasar, dina mutus perkawis teh, dawuh raja kedah jadi ucap tunggal.

Nu asih dipulang sengit, nu nyaah dipulang mah artina ngagambarkeun jalma nu henteu nyaho mulang tarima, nepi ka nyieun kagorengan ka jalma anu geus mikaasih atawa nulungan manehna dina waktu keur nyanghareupan karerepet.
Conto kalimah : Harib putra Patih Muhatib, nu diteungteuingan ku andika. Nu Asih dipulang sengit, ditincak hulu, da sobari mah teu aya timburu yen pamajikanana mangduakeun

Handap asor artina sabalikna tina sombong, sareh jeung henteu gumede.
Conto kalimah : Naja enya luhur kuta gede dunya, Ki Sudagar handap asor, sareseh jeung bear budi, katambah ku murah tangan.

Kagok asong artina kapalang eus maju, era mun mundur deui, atawa wirang lamun ngabatlkeun.
Conto kalimah : Tos kitu mah jadi kagok asong tungtungna mah narima kana kadar wae.

Atah sasar artina kurang duduga peryoga, henteu ngayakeun panalungtikan nu taliti samemeh mutuskeun hiji hal.
Contoh kalimah : Beuki lila beuki yakin, yen anjeunna teh atah sasar, kalejokeun ku nu bohong, percanten kana omongan jijieunan.

Tara eleh atah-atah artina tara gampang putus asa, tara gampang sumerah dina keur ngalaksanakeun naon bae ge.
Conto kalimah : Ku jawaban nu sakitu pondokna, geus ngelemeng pasipatanana. Tegar, tara eleh carita atah-atah.

Atah warah artina kurang atikan, teu terang sopan santun, deukeut kana kurang ajar.
Conto kalimah : Rumaos jalma atah warah. Kasar garihal ari sasauran.

Ateul biwir artina hayang ngomong atawa ngomongkeun bae.
Conto kalimah : Kawas nu ateul biwir mun nenjo Amin dahar isuk-isuk teh, kudu bae ngagorowok.

Garo-garo teu ateul artina gagaro lain ku sabab ateul, tapi ku sabab aya masalah anu sarwa salah nepi ka matak bingung atawa matak keuheul.
Conto kalimah : Tapi sok hanjelu malah sok garo haro teu ateul lamun keur uleng anteng ngimeutan peta hiji-hijina teh, jol wae bogo lauk galak nu nya kasar nya bolotot.

Ati mungkir beungeut nyanghareup artina ngagambarkeun jalma anu kumawula henteu jeung hatena, upamana awewe anu dipaksa kawin ku kolotna ka jelema anu henteu dipikacinta ku manehna.
Conto kalimah : Dina kapaksana, Nyi Mojang kapaksa ati mungkir beungeut nyanghareup, atuh dina prungna panganten anu sabeulah alum mesum, paroman teu daek berag (Pacang : 13)

Ati asa digerihan artina ngalaman kanyeri jeung kasedih nu pohara ku sabab, upamana, henteu kaburu tepung jeung kolotna samemeh duanana maot.
Conto kalimah : Taya deui ngan huleng jentul, ngadaweung  ngabangbang areuy, ati asa digerihan, nyeri ku dua ku tilu.

Kabeuli ati artina kataji ku kalakuan atawa omongan anu pikaresepeun. Tapi bisa oge ku lantaran geus narima ruruba sangkan biluk ka nu merena.
Conto kalimah : Datang ka padaleman, ka karaton dagang emas inten, barana mahal, tara raga-rogo, bener gekna, alus pokna. Ku kitu oge jelema teh geus kabeuli atina.

awak keur tiis artina awak keur apes, keur sue, sagala gagal.
Conto kalimah : Awewe ieu teh, tur awak sabeulah! Nganclang di pangumbaraan, anggang ti kadang wargana.

Awet rajet artina laki rabi anu salaki pamajikanana parasea bae, tapi henteu nepi ka pipisahan.
Conto kalimah : Barabat nyarioskeun kaawonanana laki-rabi awet rajet, ku sabab eta tungtungna mundut dikeser.

Awewe mah gede bendunganana artina dina nyanghareupan pangajak kana kalakuan nu henteu bener, awewe mah leuwih kuat manan lalaki.
Conto kalimah : Gamparan langkung uninga, awewe mah gede bendunganana, moal enya mayang henteu kalangkangan.

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »