Mantra Bahasa Sunda (Jangjawokan, Asihan, Jampe, Ajian, Singlar, Rajah) Lengkap

Mantra (Jangjawokan, Asihan, Jampe, Ajian, Singlar, Rajah).

Assalamuallaikum hallo orang bandung. Kali ini kita akan bahas tentang mantra bahasa sunda, pengertian mantra memakai bahasa sunda, contoh mantra bahasa sunda, naon anu disebut mantra, macam-macam mantra bahasa sunda, purwakanti mantra bahasa sunda, ajen estetika dina puisi mantra, gaya bahasa puisi mantra bahasa sunda, pengertian jangjawokan bahasa sunda, naon anu disebut jangjawokan, contoh jangjawokan bahasa sunda, pengertian asihan bahasa sunda, naon anu disebut asihan, contoh asihan bahasa sunda, pengertian jampe bahasa sunda, naon anu disebut jampe, contoh jampe bahasa sunda, pengertian ajian bahasa sunda, naon anu disebut ajian, contoh ajian bahasa sunda, pengertian singlar bahasa sunda, naon anu disebut singlar, contoh singlar bahasa sunda, pengertian rajah bahasa sunda, naon anu disebut rajah, contoh rajah bahasa sunda, pengertian dan contoh purwakanti pangluyu, pengertian dan contoh purwakanti mindoan kawit, pengertian dan contoh purwakanti laras wekas, pengertian dan contoh purwakanti margaluyu, pengertian dan contoh purwakanti laras madya.

Pengertian Mantra Bahasa Sunda

Mantra teh salah sahiji karya sastra wangun puisi nu sipatna mistis atawa sakral lantaran ngabogaan pungsi anu beda jeung puisi umumna. Puisi mantra kaasup kana kelompok karya sastra lisan, lantaran sumebarna ku cara tatalepa ditepikeun ti hiji jalma ka jalma sejenna.

Jangjawokan

Pengertian jangjawokan

Jangjawokan mangrupa puisi mantra anu eusina ngebrehkeun maksud sangkan hasil dina milampah hiji pagawean sarta aya dina kasalametan.

Contoh Jangjawokan

Sima
Sima aing sima maung
Sima kula sima jelema
Dungkuk aing sagede gunung
Awak aing sagede jaksa
Tangtung aing madep ka langit
Saur aing madep ka langit
Saur aing sabda gugur
Kereteg taya beunangna
Sora aing sabda gelap
Tur gumentur tar gumentar

Asihan

Pengertian Asihan

Asihan mangrupa puisi mantra anu eusina ngebrehkeun maksud sangkan batur mikaresep, mikanyaah, asih ka dirina, upamana awewe ku lalaki atawa lalaki ku awewe, ku atasan, atawa ku dunungan

Contoh Asihan

Asihan Si Burung Pundung
Asihan aing si burung pundung
Maung pundung datang amum
Badak galak datang depa
Oray laki datang numpi
Burung pundung burung cidra ku karunya
Malik welas malik asih ka awaking

Jampe

Pengertian Jampe

Jampe mangrupa puisi mantra anu eusina ngebrehkeun maksud pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit, kanyeri, kacikalaan, sangkan cageur.

Contoh Jampe

Jampe Ngarah Calakan
Bismillah
Otak encer lir paser jamparing
Panon seukeut lir panon heulang
Hate ngagebray caang lir srangenge
Biwir matuh saciduh metu saucap nyata
Bray paningal pinuh ninditu ka awaking

Ajian

Pengertian Ajian

Ajian mangrupa puisi mantra anu eusina ngebrehkeun sangkan boga kakuatan, kabedasan, meunang karahayuan jiwa raga jeung pakaya, gede kawani, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas, awet ngora.

Contoh Ajian

Ajian Kabedasan
Dampal suku ngabatu datar
Bitis ngabatu wilis
Nyurup ka badana
Nyurup ka sungsumna
Getih sabadan
Bedas ngala ka aki

Singlar

Pengertian Singlar

Singlar mangrupa puisi mantra anu eusina ngebrehkeun sangkan dijauhkeun tina balai, musibah, kasakit, jeung hal-hal anu teu dipikahayang sejenna.

Contoh Singlar

Singlar Ka Musuh
Curulug cai ti manggung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si eta
Anaking palias teuing

Rajah

Pengertian Rajah

Rajah biasana sok aya dina bubuka jeung panutup carita pantun. Ieu oge kaasup wangun puisi anu eusina ngebrehkeun maksud sangkan salamet dina milampah hiji pagawean, upamana rek muka pihumaeun, rek nyicingan hiji tempat, jeung sajabana.

Contoh Rajah

Bul ngukus mendung ka manggung
Ka manggung neda papayung
Ka dewata neda suka
Ka pohaci neda suci
Kuring rek diajar ngidung
Nya ngidung carita pantung
Ngahudang carita wayang
Nyilokakeun nyukcruk laku
Nyukcruk laku nu bahayu
Mapay engkah nu baheula

PURWAKANTI DALAM BAHASA SUNDA

Purwakanti Pangluyu

Nya irung kuwung-kuwungan
Dideuleu ti hareup sieup
Disawang ti tukang lenjang

Dina jajaran kahiji aya sora nu sarua nya eta ung, jajaran kadua aya sora eu, jeung jajaran ka tilu sora ang. Nu kitu teh sok disebut pangluyu, nya eta nyaluyukeun sora dina sapadalisan sangkan karasa leuwih endah.

Purwakanti Mindoan Kawit

Nyalin rupa ti Dewata
Nyalin sari widadari
Nya tarang teja mentrangan
Nya halis katumbirian
Nya irung kuwung-kuwungan

Dina jajaran eta aya kecap nyalin jeung kecap nya. Nu kitu teh sok disebut mindoan kawit, nya eta malikan deui di awal (jajaran) padalisan anyar.

Purwakanti Laras Wekas

Nya tarang teja mentrangan
Nya halis katumbirian
Nya irung kuwung-kuwungan

Ditungtung kalimah aya sora an. Nu kitu teh sok disebut laras wekas, nya eta sora nu sarua di ahir padalisan.

Puwakanti Margaluyu

Pupur aing pupur panyambur
Panyambur panyangkir rupa

Kecap Panyambur di ahir jajaran kahiji dibalkan deui dina jajaran kadua. Nu kitu disebutna margaluyu, nya eta malikan deui kecap dina jajaran panungtung.

Purwakanti Laras Madya

Dideuleu ti hareup sieup
Disawang ti tukang lenjang
Ditilik ti gigir lengik

Diluhur, kecap ti dibalikan deui dina jajaran salanjutna. Nu kitu teh disebut Laras Madya, nya eta malikan deui sora atawa kecap nu sarua di tengah unggal jajaran atawa padalisan.

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »

3 comments

comments
May 18, 2018 at 6:57 PM delete

website rapih gan dan artikelnya berkualitas, kunjungi website kami ada berbagai artikel pengobatan
Hipertensi

Reply
avatar