Babasan Wawacan Arti Sareng Conto Kalimahna Lengkap Bagian 2

Babasan Wawacan Artina Sareng Conto Kalimah na Lengkap Bagian 2


Ucap babaloganjangan artina omongan sabulang-bentor sugan meneran, lain meunang mikir kalawan daria, tamba henteu nyarita teuing. Conto kalimah : Teu direken ucap babalagonjangan, teu disangka kedal lakar ngangah, ngomong dapon... coplok. Dianggap enya bae sugan.  Dibabad pacing artina jiga tangkal pacing dibabad ku pedang atawa gobang, da teu aya kaian, sakali ngaheumbat ge rantas sama sekali. Conto kalimah : Musuh dibabad pancing, sukur nu kasebat rubuh.  Nyiar badak tanggungeun artina nyiar pigaweeun teu pupuguh. Conto kalimah : Upami pun Kaliwon dipioskeun ka pangperangan lebet kana paripaos nyiar badak tanggungeun, wireh parantos sakitu kakolotanana.  Sugan bae kabadanan artina sugan bae katanagaan, sugan bae kapigawe keneh. Conto kalimah : Rek cicing di mana, kira-kirana bisa kabadanan.  Nyolong bade artina beda ti anu disangka, malah bisa sabalikna.  Teu meunang dibeakeun artina henteu beunang disapirakeun, kudu disanghareupan kalawan daria, da lain sambarangan. Conto kalimah : Kapan dina ngaheuyeuk nagara oge pituahna mantri nu satia ku raja teu meunang dibaekeun.  Bagja tara paala-ala artina sakapeung ngahiji jeung milik tara pahili-hili. Conto kalimah : Lah bagja mah tara paala-ala, Ulis !  Aya bagja teu daulat artina meunang bagja tapi henteu nepi ka prakna, upamana meunang lotre, tapi surat lotrena leungit, atuh duit na henteu bisa dicokot. Conto kalimah : Emana teu ngajawab ku hanjakal jeung bingung kudu kumaha bet aya bagja teu daulat.  Bale nyungcung artina masigit. Conto kalimah : Hayu urang ka bale nyungcung, geus dzuhur yeuh!  Bisa ka bala ka bale artina jalma anu bisa masamoan di mana bae, jeung rahayat leutik Conto kalimah : Hanjakal ku katunaan tina hal ieu, bongan tara daek tetelepek supaya bisa ka bala ka bale.  Baleg tampele artina budak rumaja anu kakarana ngalaman bogoh ka lalaki atawa awewe, geus aya sir bogoh tapi eraan keneh. Conto kalimah : Mun rek disebut baleg meureun kakara baleg tampele, resep sakadar leuleupeutan leuleumeungan teu leuwih ti kitu.  Bali geusan ngajadi artina tempat lahir. Conto kalimah : Dina hiji peuting Otong mikir, bari ngayun-ngayun budak, yen hayang balik ka Batawi ka tempat bali geusan ngajadina.  Babalik pikir artina insap, tobat. Conto kalimah : Mugi-mugi bae nu boga dosana sing babalik pikir.  Balik ngaran artina jalma anu ngemasi pati di pangperangan ngan ukur balik ngaran, da jasadna mah tinggaleun di medan perang. Conto kalimah : Keur jompo teh taya nu ngarasanan, sabab anak ngan hiji-hijina geus taya di kieuna ngan saukur balik ngaran.  Tibalik lemah artina tibalik kaayaan atawa kabiasaan cara urang Sunda daragang emih jeung baso ari Cina muka restoran lotek atawa kadaharan Sunda Conto kalimah : Enya eta mah jadi tibalik lemah.  Tibalik atawa pabalik letah artina ngadahar atawa milu ngadahar kikiriman anu dibawa ku sorangan, atawa barangbere tapi dipenta deui sanjan ngan sabagian Conto kalimah : matak tibalik letah kitu mah ! Anggot ieu da ngarempak putusan sarerea.  Babalingbingan artina bitis tukang maen bal anu jiga balingbing matak gigis lawan, da baheula mah maen bal teh kaci silih adu tulang bitis atawa bincurang. Conto kalimah : Kareret bitisna oge babalingbingan.  Balungbang timur artina ngagambarkeun yen iklas ngahampura, rido, henteu aya gantar kakaitanana. Conto kalimah : Kuring mah balungbang timur, paeh ge taya kamelang, semet boga bujang lutung.  banda tatalang raga artina dina raga nyanghareupan kasulitan, gering upamana, harta kakayaan henteu aya salahna dijualan pikeun tatamba. Conto kalimah : Banda tatalang raga, moal kumaha, ieu bae baju rek dijual.  Subanda saboga artina henteu pahiri-hiri rejeki, tapi kudu ngarasa babarengan miboga. Conto kalimah : Ka salaki ulah koret... Saur sepuh, jeung salaki kudu sabanda saboga.  Taya banda kinasihan artina henteu aya nu dikoretkeun pikeun nyumponan kapereluan jang nu dipikanyaah. Conto kalimah : Kanggo anjeunna mah taya banda kinasihan, asal putra-putrana palinter sareng balener  Bandung kuping artina pangajian nu ngan ukur dibandungan, henteu bari muka kitab, biasana diayakeun di masjid. Conto kalimah : Anu getol ka masigit lebar ku hanca ajian, bandung kuping saban-saban bada Magrib.  Lain bangban lain pacing artina sisindiran anu ngagambarkeun yen putra menak mah kudu ka putra menak deui, henteu bisa nikah jeung jalma sambarangan anu lain turunan menak.  Banjar karang pamidangan artina lembur, tempat dilahirkeun. Conto kalimah : Tapi anajan ka jelema teu puguh banjar karang pamidanganana, taya anu kumawani, malah pada ngajenan.  Banteng bayangan artina banteng nu geus tatu nu ngamuk nguwak-ngawik henteu sieuneun ku nanaon. Conto kalimah : Tapi Dorna teu katahan, lir banteng bayangan badis, ngabudalkeun kadigjayan, ngabar pedang, musuh dibabad pacing  Babanteng nagara artina snapati atawa pamuk nu diugaskeun ngajaga kaamanan nagara jeung jadi pamanggul jurit karajaan. Conto kalimah : Maneh ngahina babateng nagara ! Jeung lamun enya ge urang Kutamaya boga pamuk... sageuy tingbalecir, sageuy nepi ka kadeseh ku terah Silalawi.  Barang gelap artina barang meunang maling, barang susulundupan, nu henteu boga surat-surat anu sah . Conto kalimah : Oohaa kuring kagetna ningal talajak Ambu daen sakitu kasarna, nepi ka wani ngarebut barang gelap atawa beunang oge disebutkeun barang pibahlaeun.  Batok bulu eusi madu artina wadah murah tapi eusina luhur ajenna, mun ka jelema nu rupana goreng tur katenjona bodo, tapi bageur jeung pinter tur wijaksana. Conto kalimah : Apan mungguh lumrahna di urang, karek bisa dahar ge geus medengkreng bari nulak cangkeng. Ari ieu nu disebut batok bulu eusi madu tea sugan !  Batu turun keusik naek nyaeta cangkang sisindiran anu hartina itu purun ieu daek, lalaki jeung awewe sarua daekna, saru micintana, henteu nogencang Conto kalimah : sarua pada doa, kantung-turug jinis pada jinis batu turun keusik naek (Pati: 179)  Gurat batu nyaeta tara daek ngarobah pikiran cara gurat dina batu hese dirobahna.  Kumaha geletuk batuna kecebur caina artina kumaha beh na bae, kumaha jadina bae. Conto kalimah : Kumaha geletuk batuna, kecebur caina dina malem Salasa tea bae sakumaha dina surat.  Nyiar batuk pibaraheun artina neangan panyakit, neangan pigaweeun, nyiar pikarujiteun aawa picilakaeun. Conto kalimah : Upama teu diturut palangsiang matak jadi baruntak, atawa kagegeringan, jadi nyiar batuk pibaraheun.  Tamba bau sungut artina tamba henteu nyarita, tamba cicing teuing. Conto kalimah : Henteu dihaja-haja acan, ngan henteu ari ngadongen tamba bau sungut onaman tadina mah rek percaya sukur rek henteu kajeun.  Dah bawang dah kapas artina dibayar kontan. Conto kalimah : Hayang dah bawang dah kapas, creng duitna beunang barangna, ijab kobul rido pada rido.  Ambekna sakulit bawang sakecap kadua gobang artina gampang ambek, teu kaopan. Conto kalimah : Dina wangwangan : jangkung gede, kumis batang, paromanna kereng, ambekna sakulit bawang.  Ngulit bawang artina sarua jeung sakulit  bawang, hartina ipis da lain kulit saenyana mah. Conto kalimah : Tapi rasa kitu teh ukur ngulit bawang, eleh ku resepna nyeuseup madu asmara.  Ngabayuan artina ngahirupan dina harti mere kabutuh hirup nu dibayuan. Conto kalimah : Sanggeus kuring lulus ujian ahir SMP kapaksa ninggalkeun kulawarga Ati da di S, teu aya SMA, kuring pindah ka Puseurdayeuh, ibu nu ngabayuan.  Lir dipupul bayu artina kabur pangacian, jiga anu leungiteun sumanget hirup , upamana ku sabab  ngadenge beja yen indungna nu ngakandung atawa kabogoh anu dipicangcam maot ngadadak. Conto kalimah : kuring asa dipupul bayu, ilang tangan pangawasa.  Beak dengkak artina geus ngajalankeun sagala usaha tapi taya hasilna. Conto kalimah : Otong geus beak degkak ihtiar di lembur mah, bring waeh dibawa ka rumah sakit.  Bear budi artina marahmay, sabalikna tina kucem kuraweud haseum. Conto kalimah : Pangawulaan rada bear budina, pok mariksa ka juragan Patih.  Dibejer-beaskeun artina ditetelakeun kalawan rinci, cara beas anu di wincik hiji-hiji Conto kalimah : Bau atawa seungitna mah teu dibejer-beaskeun, rasiah meureun  Kauntun tipung katambang beas artina kalaksanakeun. Conto kalimah : Beunang bogoh ti bareto, ayeuna kauntun tipung katambang beas, teu kira-kira geugeutna.  Begalan pati artina tarung silih begal pati, silih arah pati, silih paehan. Conto kalimah : Ka dieunakeun kakara engeuh, sihoreng Ki Santa keur ragot tarung begalan pati.  Ngabejaan bulu tuur artina ngabejaan jalma anu geus terangeun. Conto kalimah : Hareneg sakedapan mah. Hadena teu kaburu pok, ngabejaan bulu tuur.  Asa karagragan bentang ti langit artina atoh ku sabab meunang nugraha anu luar biasa. Conto kalimah : Kajurung ku atoh, asa karagragan bentang ti langit, Jasiman isukna tuluy bae ngala tatangga-tatanggana menta pirempug, menta tulung, hayang dipangmangkukeun hajat.  Asa dibentar atawa kabentar gelap artina kaget nu pohara ku sabab ngadenge atawa nyaksian hal anu sama sekali teu kawangwang ti anggalna. Conto kalimah : Ngadenge kitu, rarasaan Wati mun enggeus tea mah lir nu dibentar ku gelap saleser.  Daek dibentar gelap artina sumpah cara daek medu, daek busung, daek dicekek tetelo jeung sabangsana. Conto kalimah : Wantun dibentar gelap, gamparan, wantun dicekek tetelo...! Teu rumaos abdi mah...!  Sabulang bentor artina ngomong sakainget sabisa-bisa, henteu ngaleunjeur, henteu mustahil beda ti nu keur jadi bahan carita. Conto kalimah : Ngan raayuna, walonan nu sabulang-bentor teh bet dianggap temen. Teu direken ucap babalagonjangan.  Dibere sajeungkal hayang sasiku (atawa sahasta) artina dibere sasiku hayang sadeupa, ngagambarkeun napsu atawa kahayang jalma sarakah anu henteu aya seubeuhna. Conto kalimah : Nu matak tong sok sarakah nya Ua... Dibere sajeungkal hayang sasiku, geus sasiku hayang sadeupa, hayang kabeh.  kabedil langit kabentar mega artina tina wawangsalan. Bedil langit didinya maksudna gelap, geledeg, guludug. Conto kalimah : hihih, anjeun kabedil langit! Ngumaha ka Mirah nitah nyingkahkeun... Mirah! Mo' laksana atuh tug ka jagat runtag ge.  Kawas bedog perahaneun artina ngagambarkeun beungeut anu goreng patut pisan. Conto kalimah : Ku nu lain jodona najan geulis, katempona goreng patut. Sabalikna ku nu jodona najan kawas bedog perahaneun, katempona geulis jeung lucu bae.  Belang bayah artina biasana dipiheulaan ku gindi pikir, jadi gindi pikir belang bayah hartina jalma anu henteu weing atina, boga niat hasud boh ka dunungan boh ka babaturan. Conto kalimah : Sadayana nu ngadangu taya nu kagungan curiga, yen Mas Anggataruna gindi pikir belang bayah ka Mantri Jero  Ngadagoan belut buluan artina ngadagoan anu mustahil kajadian. Conto kalimah : Nyeta kesel, ngadagoan belut buluan. Sabab galagatna, nu geus jugala kalah ka beuki hawek kadedemes.  Awewe mah gede bendunganana artina hahalangna, daya tahanna, awewe leuwih kuat dina nyanghareupan gogoda. Conto kalimah : Gamparan langkung uninga, awewe mah gede bendunganana, moal enya mayang henteu kalangkangan.  Kurang kuat bendungan artina kurang kuat iman, kurang mampuh nahan hawa napsu. Conto kalimah : Atuh nu kirang kiat bendunganana mah tangtos kabengbat da manehna teh budak ngora, dedeg sampe rupa hade.  Weweg bendunganana artina pageuh kana kaidah moral, nepi ka sanajan meunang dodoja anu sakumaha gede na ge henteu nepi ka bedah. Conto kalimah : Ngan bubuhan weweg bedunganana bae, kawantu aya di pasantren, rek daragdag-durugdug teh sieun ku bedug, rek totorosol sieun katulah ku kohkol.  Bener aing teu deungeun artina sikep jalma anu ngarasa bener sorangan sarta embung ngadenge pamanggih batur anu pasalia jeung pamanggihna Conto kalimah : Disusurup kana adatna sapopoe, teu paya kacempad, bener aing teu deungeun.  Nyanggakeun beuheng teukteukeun tikoro gorokan atawa tikoro genteng gorokeun artina kekecapan anu rumasa salah masrahkeun diri rek dihideung rek dibeureum bari nampa. Conto kalimah : Ari keukeuh-keukeuh teuing mah hayang nyeueung babatang kuring, sumangga pisan, ngaturkeun beuheung teukteukeun, mending ayeuna tong diganggayong.  Nyeri beuheung sosonggeteun artina lieuk deui lieuk deui ngagadoan nu rek datang tapi teu embol bae, nepi ka beuheung karasa nyeri. Conto kalimah : Sapoe eta kuring teu puguh polah, nyeri beuheung sosonggeteun balas ngalieukan jalan, sugan Mama sumping.  Kawas beubeulahan terong nyaeta digunakaeun pikeun nyebut dua jelema atawa barang anu mirip pisan nepi ka hese ngabedakeunana. Conto kalimah : Tapi... musathil aya jelema anu sarimba pisan, kawas beubeulahan terong, nepi ka teu dipicieun sasieur, estuning ceples dina sagala-galana.  Beubeulieun artina hayang dihormat, hayang diajenan da ngarasa dirina jalma penting. Conto kalimah : Beubeulieun naker make kudu diala!  Kabeuli hatena atawa arina nyaeta katajieun, resepeun ku sabab sikepna nu sabar, someah, salilana marahmay atawa ku sabab sejenna. Conto kalimah : Sedeng ari mojang ayeuna tea lamun teu digugu kahayangna teu kabeuli hatena kajeun ngalanggar jangji ngarempak sumpah, ti batan daek asor.  Dibeuli-beuli artina diayunkeun kahayangna, dicumponan sakarepna, dibere rupa-rupa barang rarang sangkan nurut kana kahayang anu mere. Conto kalimah : Bari diprukpruk sagala dipupujuhkeun, dibeuli-beuli waeh ku itu mah.  miceun beungeut artina ngabalieur lamun tepung jeung jalma anu henteu dipikaresep nembongkeun kaijid. Conto kalimah : Naha Jurusimpen panatana beda ti sasari, kapan biasana mah patepang oge sok miceun beungeut atawa cumiduh bangun nu ijid, ari ayeuna nyebutna oge kang putra!  Beungeut nyanghareup ati mungkir artina pamajikan anu henteu sumujud ka salaki, atawa kawula anu henteu tigin kumawula ka dunungan. Conto kalimah : da rumasa enggoning laki-rabi teh beungeut nyanghareup ati mungkir.  Asa teu beungeutna artina ngarasa era nu pohara, upamana ku sabab kaperego keur ngalakukeun hal nu henteu wajar atawa ku lantaran aya dulur atawa anakna nu ngalakukeun hal nu hina nepi ka jadi omong sarerea. Conto kalimah : Bari asa teu beungeutan, gancang kuring nyasadukeun polah si Wawan  Rek dika-manakeun beungeut urang artina wirang lamun henteu nyumponan pamentana, jadi kudu dicumponan bae sabisa-bisa. Conto kalimah : Dina waktu sakitu teh sagalana kudu geus beres. Mun teu kitu, rek dikamanakeun beungeut urang, lain?  Beurat nyuhun beurat nanggung artina ucapan tumarima jalma anu meunang kahadean, nu matak sakapeung dilengkepan. Conto kalimah : Beurat nyuhun beurat nanggung Nini miwah ieu pun Mirah teh kana kaweningan galih Aden.  Beurat beunghar artina beunghar pisan. Conto kalimah : Ari emang mah cocog, cocog, bakal senang beurat beunghar.  Pabeurat-beurat beusi artina nimbang-nimbang mana nu leuwih beurat di antara dua pilihan. Conto kalimah : Temahna tina pabeurat-beurat beusina timbangan pikeun nyokot kacindekan tea, timbul kabingung dina hate.  Rek dibeureum rek dihideung artina masrahkeun diri rek dikumahakeun ge moal baha, da rumasa salah. Conto kalimah : Kudu pasrah ka Nu Mahasuci, da eta anu kagungan, dibeureum dihideung moal aya nu bisa majar kumaha  Dibeuteungan nyusu artina disapih, dieureunan nyusu Conto kalimah : Naja kitu teu burung ari nguyung mah, lir budak rungsing dibeuteungan nyusu  Dibeuweung diutahkeun artina dipikir bulak-balik naon alusna naon gorengna samemeh nyokot putusan. Conto kalimah : Meunang dua-tilu poe mah putusan geureuhana dina impenan ku Ajengan digayem, dibeuweung-diutahkeun, tungtungna ah, kari kumaha jinisna.  Bibit buit artina asal muasal, pituin, asli. Conto kalimah : Abdi mah tuda bibit-buit ditu, ngumbaradi dieu mah  Bilatung dulang artina budak leutik anu keur meujeuhna beuki dahar. Conto kalimah : ... ngan ieu mah dumeh ningali budak anu keur meujeuhna bilatung dulang, tanwande kalantar didikanana lamun keukeuh manehna nurutkeun napsu.  Biluk ka musuh artina jadi mihak ka musuh, jalma anu tadina aya di pihak urang tuluy pindah ka pihak musuh. Conto kalimah : Atuh Subita ngandung timburu, pedah Lili samiuk biluk ka musuh.  Abong biwir teu diwengku, letah teu tulangan artina nyarita sangeunahna bae, henteu ngaragap hate batur, henteu paduli matak nyerieun hate nu sejen. Conto kalimah : Da biwir teu diwengku, letah teu tulanganm beunang dipake kumaha karep nu ngomong.  Biwir nyiru rombengeun artina beuki ngomong jeung ngomongkeun batur tur sok sagala diomongkeun. Conto kalimah : Carioskeun bae atuh Mang, da abdi oge piraku biwir nyiru rorombengeun. Ceu Tati teh sasat dulur sorangan, moal enya abdi nguar-nguar kaawonanana.  Beurat biwir artina hese nyarita ku sabab kagok, enteu wani pok, upamana ku sabab rek nginjeum duit sieun dipersabenan. Conto kalimah : Arek pok nyebut ngaranna, Sarimaya teu kaduga, beurat biwir, angen ratug.  Bobor karahayon tina bobor karahayuan artina ngalaman sue. Conto kalimah : Tapi baturna nu saurang nu sahate jeung manehna oge bobor karahayuan di sisi cai  Gede bobot pangayonna artina adil timbanganana, gede hampurana. Conto kalimah : Sajaba kakoncara gede bobot pangayonna, Dalem Nagara Tengah teh kawetar katoweksaanana ka abdina.  Bobot pangayon timbang taraju artina timbangan kaadilan. Conto kalimah : Bobot pangayon timbang taraju aya di dampal Gusti, kaulanan  Moal linyok moal bohong artina baris nyarita satarabasna, terus terang, moal aya nu disumput salindung. Conto kalimah : Sumpah yen andika moal linyok moal bohong enggoning nyarita ?  Diboretekeun artina diterangkeun dosa jeung kasalahanana nu matak wirang Conto kalimah : Paur kabitur, kapiheulaan babar. Paur diboretekeun manten. Ku abdi dipiheulaan.  Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan artina nu nandangan susah lain ditulungan tapi malah di kekesek jadi leuwih ripuh. Conto kalimah : Geus kitu tea bae, Ani, nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan  Buana pancatengah artina nurutkeun komologi Sunda kuna cara anu dianut ku urang Kanekes (Baduy), alam makrokosmos teh dibagi tilu nyaeta, Buana Nyungcung palinggihan Sanghyang Keresa nu pangluhurna, Buana Pancatengah tempat matuh manusa jeung mahluk lianna, Buana Larang, naraka. Conto kalimah : Pangeran Dpati ku ramana dipaparin pigarwaeun, putri anu panggeulisna sabuana pancatengah.  Buang jauh gantung tinggi artina hukuman pangbeuratna jaman harita, nyaeta dibuang ka nagara (wilayah) sejen jeung dihukum gantung. Conto kalimah : Tapi najan buang jauh gantung tinggi, tetep nya percaya kana kaberesihan diri, da henteu rumaos dosa.  Dijieun budak rodek hulu artina henteu diajenan, dianggap budak nu babari dibobodo jeung dihina. Conto kalimah : Asa dibobodo dililito, dijieun ka budak rodek hulu, boro mah gamparan menak, teu nyana kitu ka somah  Ngabudi santri artina milegeg lebe, ari lampah euwah-uewah. Conto kalimah : Nu kitu meureun nu disebut budi santri legeg lebe, lampah jiga euwah-euwah teh  Amis budi artina bear budi, marahmay, pikaresepeun nu lian, darehdeh ka saha bae. Conto kalimah : Maneh na mah amis budi, ka sasaha ge teu burung misobat.  Ngabudi ucing artina jiga anu lungguh jeung bageur, tapi lamun aya kasempetan tara talangke. Conto kalimah : Babaturan taya deui gawena ngan tingkecewis ngarupat bae ka agan, majarkeun teh lungguh tutut, ngabudi ucing, teu kaop nyanding paisan.  Tacan puguh bule hideungna artina tacan puguh jalmana, tacan puguh jinisna. Conto kalimah : Ari ayeuna kakara aya nu ngagawar-gawar, tacan puguh bule hideungna, ku Rai bade ditolak.  Murag bulu bitis artina iinditan bae, dilarapkeun ka jelema anu henteu betah di imah, tur biasana henteu puguh maksud iinditanana ge. Conto kalimah : Urut jalma lungguh timpuh, perecit daek balantik, ayeuna mah jadi murag bulu bitis, teu beunang dideuleu beungeut, kana banda teu aya pisan kalebar, lacur ogor, ngadu osog.  Bulu taneuh artina patani. Conto kalimah : Engkang mah bulu taneuh pijadieun rarapen, moal kenging didamel buket.  Teu rek gedag bulu salambar artina henteu ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rek terus ngalawan. Conto kalimah : Gatotkaca teu gedag bulu salambar, najan nepi ka pati, henteu panasaran, komo ieu musuhna Karna anu mashur sakti, sanajan eleh, sugema tiis pikir (Mahabarata: 293)  Bulu punduk pating sariak artina sarua jeung muringkak bulu punduk. Conto kalimah : Nu araya di dinya kabeh ngahelas hatena, ngadarenge eta caritaan, komo pamajikan Rasidin mah, bulu pundukna munggah pating sariak.  Rumingkang di bumi alam artina hirup di dunya. Conto kalimah : Tetenjoan kaula, paman teh sakurang-kurangna geus meh lima puluh taun nya umur, tapi siga acan seubeuh keneh bae rumingkan di bumi alam teh.  Poek bumi alam artina leungiteun harepan, henteu nenjo pikahareupeun. Conto kalimah : Teu kiat, Ema, teu kiat nandanganana. Asa poek bumi alam teh.  Bumi alam asa tungkeb artina asa katindihan langit, kaurugan gunungm henteu aya harepan. Conto kalimah : Ngadenge omong nu gering Datawerdaya tambah ngarakacak hatena, bumi alam asa tungkeb.  Sabuni-buni nu ngising artina sakumaha susulumputanana oge kalakuan goreng mah moal burung betus kanyahoan ku balarea. Conto kalimah : Sangka salaki loba anu kajadian, anu matak dibasaan ku kolot : sabuni-bunina nu ngising  Ngabuntut bangkong artina euweuh tuluyna jiga bangkong nu keur masih buruy mah buntutan tapi sabda jadi bancet leungit buntutna teh. Conto kalimah : Siga rek ngabuntut bangkok perkara rajapati di pudunan Citarik teh.  Leutik buruh artina henteu aya kawani , sieunan, pangpangna dina wkatu nyanghareupan lawan, mending mundur manan maju. Conto kalimah : Lah, ku leutik burih geuning boga RT teh ! Naha salah kitu mun kuring ngomong saujratna, nu satarabasna?  Buruk-buruk papan jati artina sagoreng-goreng na ge dulur atawa baraya sorangan, ulah nepi ka putus silaturahmi atawa dirogahala. Conto kalimah : Tapi ras deui inget, buruk-buruk papan jati, najan kumaha wae ge eta teh kaplanceukna.  Daek busung artina sumpah nu populer pikeun ngayakinkeun yen henteu ngalakukeun nu dituduhkeun, cara daek disamber gelap, daek paeh, daek medu, daek ditekuk maung jeung sabangsana. Conto kalimah : Sumpah oge mangga. daek busung teu nampi artos!  Buta tulang buta daging artina keur meumeujeuhna segut da masih ngora, jagjag waringkas bedas tanaga. Conto kalimah : Maneh boga rasa bedas, jagjag waringkas, kawantu eukeur ngora, buta tulang buta daging.  Buta tuli artina teu nyaho nanaon. Conto kalimah : Masantren soteh lain hayang jadi kiai, sakadar hayang nyaho di agama bae, ulah buta tuli teuing.  Sacongo buuk atawa satungtung buuk atawa rambut artina saeutik-eutik acan. Conto kalimah : Teu buru-buru ngawaler tina teu nyangka sacongo buuk yen geuning anjeunna teh dituduh serong jeung hiji jalma nu geus mangpirang-pirang taun heubeulna teu tepung-tepung.
Ucap babaloganjangan artina omongan sabulang-bentor sugan meneran, lain meunang mikir kalawan daria, tamba henteu nyarita teuing.
Conto kalimah : Teu direken ucap babalagonjangan, teu disangka kedal lakar ngangah, ngomong dapon... coplok. Dianggap enya bae sugan.

Dibabad pacing artina jiga tangkal pacing dibabad ku pedang atawa gobang, da teu aya kaian, sakali ngaheumbat ge rantas sama sekali.
Conto kalimah : Musuh dibabad pancing, sukur nu kasebat rubuh.

Nyiar badak tanggungeun artina nyiar pigaweeun teu pupuguh.
Conto kalimah : Upami pun Kaliwon dipioskeun ka pangperangan lebet kana paripaos nyiar badak tanggungeun, wireh parantos sakitu kakolotanana.

Sugan bae kabadanan artina sugan bae katanagaan, sugan bae kapigawe keneh.
Conto kalimah : Rek cicing di mana, kira-kirana bisa kabadanan.

Nyolong bade artina beda ti anu disangka, malah bisa sabalikna.

Teu meunang dibeakeun artina henteu beunang disapirakeun, kudu disanghareupan kalawan daria, da lain sambarangan.
Conto kalimah : Kapan dina ngaheuyeuk nagara oge pituahna mantri nu satia ku raja teu meunang dibaekeun.

Bagja tara paala-ala artina sakapeung ngahiji jeung milik tara pahili-hili.
Conto kalimah : Lah bagja mah tara paala-ala, Ulis !

Aya bagja teu daulat artina meunang bagja tapi henteu nepi ka prakna, upamana meunang lotre, tapi surat lotrena leungit, atuh duit na henteu bisa dicokot.
Conto kalimah : Emana teu ngajawab ku hanjakal jeung bingung kudu kumaha bet aya bagja teu daulat.

Bale nyungcung artina masigit.
Conto kalimah : Hayu urang ka bale nyungcung, geus dzuhur yeuh!

Bisa ka bala ka bale artina jalma anu bisa masamoan di mana bae, jeung rahayat leutik
Conto kalimah : Hanjakal ku katunaan tina hal ieu, bongan tara daek tetelepek supaya bisa ka bala ka bale.

Baleg tampele artina budak rumaja anu kakarana ngalaman bogoh ka lalaki atawa awewe, geus aya sir bogoh tapi eraan keneh.
Conto kalimah : Mun rek disebut baleg meureun kakara baleg tampele, resep sakadar leuleupeutan leuleumeungan teu leuwih ti kitu.

Bali geusan ngajadi artina tempat lahir.
Conto kalimah : Dina hiji peuting Otong mikir, bari ngayun-ngayun budak, yen hayang balik ka Batawi ka tempat bali geusan ngajadina.

Babalik pikir artina insap, tobat.
Conto kalimah : Mugi-mugi bae nu boga dosana sing babalik pikir.

Balik ngaran artina jalma anu ngemasi pati di pangperangan ngan ukur balik ngaran, da jasadna mah tinggaleun di medan perang.
Conto kalimah : Keur jompo teh taya nu ngarasanan, sabab anak ngan hiji-hijina geus taya di kieuna ngan saukur balik ngaran.

Baca : Babasan wawacan arti sareng conto kalimahna lengkap bagian 1


Tibalik lemah artina tibalik kaayaan atawa kabiasaan cara urang Sunda daragang emih jeung baso ari Cina muka restoran lotek atawa kadaharan Sunda
Conto kalimah : Enya eta mah jadi tibalik lemah.

Tibalik atawa pabalik letah artina ngadahar atawa milu ngadahar kikiriman anu dibawa ku sorangan, atawa barangbere tapi dipenta deui sanjan ngan sabagian
Conto kalimah : matak tibalik letah kitu mah ! Anggot ieu da ngarempak putusan sarerea.

Babalingbingan artina bitis tukang maen bal anu jiga balingbing matak gigis lawan, da baheula mah maen bal teh kaci silih adu tulang bitis atawa bincurang.
Conto kalimah : Kareret bitisna oge babalingbingan.

Balungbang timur artina ngagambarkeun yen iklas ngahampura, rido, henteu aya gantar kakaitanana.
Conto kalimah : Kuring mah balungbang timur, paeh ge taya kamelang, semet boga bujang lutung.

banda tatalang raga artina dina raga nyanghareupan kasulitan, gering upamana, harta kakayaan henteu aya salahna dijualan pikeun tatamba.
Conto kalimah : Banda tatalang raga, moal kumaha, ieu bae baju rek dijual.

Subanda saboga artina henteu pahiri-hiri rejeki, tapi kudu ngarasa babarengan miboga.
Conto kalimah : Ka salaki ulah koret... Saur sepuh, jeung salaki kudu sabanda saboga.

Taya banda kinasihan artina henteu aya nu dikoretkeun pikeun nyumponan kapereluan jang nu dipikanyaah.
Conto kalimah : Kanggo anjeunna mah taya banda kinasihan, asal putra-putrana palinter sareng balener

Bandung kuping artina pangajian nu ngan ukur dibandungan, henteu bari muka kitab, biasana diayakeun di masjid.
Conto kalimah : Anu getol ka masigit lebar ku hanca ajian, bandung kuping saban-saban bada Magrib.

Lain bangban lain pacing artina sisindiran anu ngagambarkeun yen putra menak mah kudu ka putra menak deui, henteu bisa nikah jeung jalma sambarangan anu lain turunan menak.

Banjar karang pamidangan artina lembur, tempat dilahirkeun.
Conto kalimah : Tapi anajan ka jelema teu puguh banjar karang pamidanganana, taya anu kumawani, malah pada ngajenan.

Banteng bayangan artina banteng nu geus tatu nu ngamuk nguwak-ngawik henteu sieuneun ku nanaon.
Conto kalimah : Tapi Dorna teu katahan, lir banteng bayangan badis, ngabudalkeun kadigjayan, ngabar pedang, musuh dibabad pacing

Babanteng nagara artina snapati atawa pamuk nu diugaskeun ngajaga kaamanan nagara jeung jadi pamanggul jurit karajaan.
Conto kalimah : Maneh ngahina babateng nagara ! Jeung lamun enya ge urang Kutamaya boga pamuk... sageuy tingbalecir, sageuy nepi ka kadeseh ku terah Silalawi.

Barang gelap artina barang meunang maling, barang susulundupan, nu henteu boga surat-surat anu sah .
Conto kalimah : Oohaa kuring kagetna ningal talajak Ambu daen sakitu kasarna, nepi ka wani ngarebut barang gelap atawa beunang oge disebutkeun barang pibahlaeun.

Batok bulu eusi madu artina wadah murah tapi eusina luhur ajenna, mun ka jelema nu rupana goreng tur katenjona bodo, tapi bageur jeung pinter tur wijaksana.
Conto kalimah : Apan mungguh lumrahna di urang, karek bisa dahar ge geus medengkreng bari nulak cangkeng. Ari ieu nu disebut batok bulu eusi madu tea sugan !

Batu turun keusik naek nyaeta cangkang sisindiran anu hartina itu purun ieu daek, lalaki jeung awewe sarua daekna, saru micintana, henteu nogencang
Conto kalimah : sarua pada doa, kantung-turug jinis pada jinis batu turun keusik naek (Pati: 179)

Gurat batu nyaeta tara daek ngarobah pikiran cara gurat dina batu hese dirobahna.

Kumaha geletuk batuna kecebur caina artina kumaha beh na bae, kumaha jadina bae.
Conto kalimah : Kumaha geletuk batuna, kecebur caina dina malem Salasa tea bae sakumaha dina surat.

Nyiar batuk pibaraheun artina neangan panyakit, neangan pigaweeun, nyiar pikarujiteun aawa picilakaeun.
Conto kalimah : Upama teu diturut palangsiang matak jadi baruntak, atawa kagegeringan, jadi nyiar batuk pibaraheun.

Tamba bau sungut artina tamba henteu nyarita, tamba cicing teuing.
Conto kalimah : Henteu dihaja-haja acan, ngan henteu ari ngadongen tamba bau sungut onaman tadina mah rek percaya sukur rek henteu kajeun.

Dah bawang dah kapas artina dibayar kontan.
Conto kalimah : Hayang dah bawang dah kapas, creng duitna beunang barangna, ijab kobul rido pada rido.

Ambekna sakulit bawang sakecap kadua gobang artina gampang ambek, teu kaopan.
Conto kalimah : Dina wangwangan : jangkung gede, kumis batang, paromanna kereng, ambekna sakulit bawang.

Ngulit bawang artina sarua jeung sakulit  bawang, hartina ipis da lain kulit saenyana mah.
Conto kalimah : Tapi rasa kitu teh ukur ngulit bawang, eleh ku resepna nyeuseup madu asmara.

Ngabayuan artina ngahirupan dina harti mere kabutuh hirup nu dibayuan.
Conto kalimah : Sanggeus kuring lulus ujian ahir SMP kapaksa ninggalkeun kulawarga Ati da di S, teu aya SMA, kuring pindah ka Puseurdayeuh, ibu nu ngabayuan.

Lir dipupul bayu artina kabur pangacian, jiga anu leungiteun sumanget hirup , upamana ku sabab  ngadenge beja yen indungna nu ngakandung atawa kabogoh anu dipicangcam maot ngadadak.
Conto kalimah : kuring asa dipupul bayu, ilang tangan pangawasa.

Beak dengkak artina geus ngajalankeun sagala usaha tapi taya hasilna.
Conto kalimah : Otong geus beak degkak ihtiar di lembur mah, bring waeh dibawa ka rumah sakit.

Bear budi artina marahmay, sabalikna tina kucem kuraweud haseum.
Conto kalimah : Pangawulaan rada bear budina, pok mariksa ka juragan Patih.

Dibejer-beaskeun artina ditetelakeun kalawan rinci, cara beas anu di wincik hiji-hiji
Conto kalimah : Bau atawa seungitna mah teu dibejer-beaskeun, rasiah meureun

Kauntun tipung katambang beas artina kalaksanakeun.
Conto kalimah : Beunang bogoh ti bareto, ayeuna kauntun tipung katambang beas, teu kira-kira geugeutna.

Begalan pati artina tarung silih begal pati, silih arah pati, silih paehan.
Conto kalimah : Ka dieunakeun kakara engeuh, sihoreng Ki Santa keur ragot tarung begalan pati.

Ngabejaan bulu tuur artina ngabejaan jalma anu geus terangeun.
Conto kalimah : Hareneg sakedapan mah. Hadena teu kaburu pok, ngabejaan bulu tuur.

Asa karagragan bentang ti langit artina atoh ku sabab meunang nugraha anu luar biasa.
Conto kalimah : Kajurung ku atoh, asa karagragan bentang ti langit, Jasiman isukna tuluy bae ngala tatangga-tatanggana menta pirempug, menta tulung, hayang dipangmangkukeun hajat.

Asa dibentar atawa kabentar gelap artina kaget nu pohara ku sabab ngadenge atawa nyaksian hal anu sama sekali teu kawangwang ti anggalna.
Conto kalimah : Ngadenge kitu, rarasaan Wati mun enggeus tea mah lir nu dibentar ku gelap saleser.

Daek dibentar gelap artina sumpah cara daek medu, daek busung, daek dicekek tetelo jeung sabangsana.
Conto kalimah : Wantun dibentar gelap, gamparan, wantun dicekek tetelo...! Teu rumaos abdi mah...!

Sabulang bentor artina ngomong sakainget sabisa-bisa, henteu ngaleunjeur, henteu mustahil beda ti nu keur jadi bahan carita.
Conto kalimah : Ngan raayuna, walonan nu sabulang-bentor teh bet dianggap temen. Teu direken ucap babalagonjangan.

Dibere sajeungkal hayang sasiku (atawa sahasta) artina dibere sasiku hayang sadeupa, ngagambarkeun napsu atawa kahayang jalma sarakah anu henteu aya seubeuhna.
Conto kalimah : Nu matak tong sok sarakah nya Ua... Dibere sajeungkal hayang sasiku, geus sasiku hayang sadeupa, hayang kabeh.

kabedil langit kabentar mega artina tina wawangsalan. Bedil langit didinya maksudna gelap, geledeg, guludug.
Conto kalimah : hihih, anjeun kabedil langit! Ngumaha ka Mirah nitah nyingkahkeun... Mirah! Mo' laksana atuh tug ka jagat runtag ge.

Kawas bedog perahaneun artina ngagambarkeun beungeut anu goreng patut pisan.
Conto kalimah : Ku nu lain jodona najan geulis, katempona goreng patut. Sabalikna ku nu jodona najan kawas bedog perahaneun, katempona geulis jeung lucu bae.

Belang bayah artina biasana dipiheulaan ku gindi pikir, jadi gindi pikir belang bayah hartina jalma anu henteu weing atina, boga niat hasud boh ka dunungan boh ka babaturan.
Conto kalimah : Sadayana nu ngadangu taya nu kagungan curiga, yen Mas Anggataruna gindi pikir belang bayah ka Mantri Jero

Ngadagoan belut buluan artina ngadagoan anu mustahil kajadian.
Conto kalimah : Nyeta kesel, ngadagoan belut buluan. Sabab galagatna, nu geus jugala kalah ka beuki hawek kadedemes.

Awewe mah gede bendunganana artina hahalangna, daya tahanna, awewe leuwih kuat dina nyanghareupan gogoda.
Conto kalimah : Gamparan langkung uninga, awewe mah gede bendunganana, moal enya mayang henteu kalangkangan.

Kurang kuat bendungan artina kurang kuat iman, kurang mampuh nahan hawa napsu.
Conto kalimah : Atuh nu kirang kiat bendunganana mah tangtos kabengbat da manehna teh budak ngora, dedeg sampe rupa hade.

Weweg bendunganana artina pageuh kana kaidah moral, nepi ka sanajan meunang dodoja anu sakumaha gede na ge henteu nepi ka bedah.
Conto kalimah : Ngan bubuhan weweg bedunganana bae, kawantu aya di pasantren, rek daragdag-durugdug teh sieun ku bedug, rek totorosol sieun katulah ku kohkol.

Bener aing teu deungeun artina sikep jalma anu ngarasa bener sorangan sarta embung ngadenge pamanggih batur anu pasalia jeung pamanggihna
Conto kalimah : Disusurup kana adatna sapopoe, teu paya kacempad, bener aing teu deungeun.

Nyanggakeun beuheng teukteukeun tikoro gorokan atawa tikoro genteng gorokeun artina kekecapan anu rumasa salah masrahkeun diri rek dihideung rek dibeureum bari nampa.
Conto kalimah : Ari keukeuh-keukeuh teuing mah hayang nyeueung babatang kuring, sumangga pisan, ngaturkeun beuheung teukteukeun, mending ayeuna tong diganggayong.

Nyeri beuheung sosonggeteun artina lieuk deui lieuk deui ngagadoan nu rek datang tapi teu embol bae, nepi ka beuheung karasa nyeri.
Conto kalimah : Sapoe eta kuring teu puguh polah, nyeri beuheung sosonggeteun balas ngalieukan jalan, sugan Mama sumping.

Kawas beubeulahan terong nyaeta digunakaeun pikeun nyebut dua jelema atawa barang anu mirip pisan nepi ka hese ngabedakeunana.
Conto kalimah : Tapi... musathil aya jelema anu sarimba pisan, kawas beubeulahan terong, nepi ka teu dipicieun sasieur, estuning ceples dina sagala-galana.

Beubeulieun artina hayang dihormat, hayang diajenan da ngarasa dirina jalma penting.
Conto kalimah : Beubeulieun naker make kudu diala!

Kabeuli hatena atawa arina nyaeta katajieun, resepeun ku sabab sikepna nu sabar, someah, salilana marahmay atawa ku sabab sejenna.
Conto kalimah : Sedeng ari mojang ayeuna tea lamun teu digugu kahayangna teu kabeuli hatena kajeun ngalanggar jangji ngarempak sumpah, ti batan daek asor.

Dibeuli-beuli artina diayunkeun kahayangna, dicumponan sakarepna, dibere rupa-rupa barang rarang sangkan nurut kana kahayang anu mere.
Conto kalimah : Bari diprukpruk sagala dipupujuhkeun, dibeuli-beuli waeh ku itu mah.

miceun beungeut artina ngabalieur lamun tepung jeung jalma anu henteu dipikaresep nembongkeun kaijid.
Conto kalimah : Naha Jurusimpen panatana beda ti sasari, kapan biasana mah patepang oge sok miceun beungeut atawa cumiduh bangun nu ijid, ari ayeuna nyebutna oge kang putra!

Beungeut nyanghareup ati mungkir artina pamajikan anu henteu sumujud ka salaki, atawa kawula anu henteu tigin kumawula ka dunungan.
Conto kalimah : da rumasa enggoning laki-rabi teh beungeut nyanghareup ati mungkir.

Asa teu beungeutna artina ngarasa era nu pohara, upamana ku sabab kaperego keur ngalakukeun hal nu henteu wajar atawa ku lantaran aya dulur atawa anakna nu ngalakukeun hal nu hina nepi ka jadi omong sarerea.
Conto kalimah : Bari asa teu beungeutan, gancang kuring nyasadukeun polah si Wawan

Rek dika-manakeun beungeut urang artina wirang lamun henteu nyumponan pamentana, jadi kudu dicumponan bae sabisa-bisa.
Conto kalimah : Dina waktu sakitu teh sagalana kudu geus beres. Mun teu kitu, rek dikamanakeun beungeut urang, lain?

Beurat nyuhun beurat nanggung artina ucapan tumarima jalma anu meunang kahadean, nu matak sakapeung dilengkepan.
Conto kalimah : Beurat nyuhun beurat nanggung Nini miwah ieu pun Mirah teh kana kaweningan galih Aden.

Beurat beunghar artina beunghar pisan.
Conto kalimah : Ari emang mah cocog, cocog, bakal senang beurat beunghar.

Pabeurat-beurat beusi artina nimbang-nimbang mana nu leuwih beurat di antara dua pilihan.
Conto kalimah : Temahna tina pabeurat-beurat beusina timbangan pikeun nyokot kacindekan tea, timbul kabingung dina hate.

Rek dibeureum rek dihideung artina masrahkeun diri rek dikumahakeun ge moal baha, da rumasa salah.
Conto kalimah : Kudu pasrah ka Nu Mahasuci, da eta anu kagungan, dibeureum dihideung moal aya nu bisa majar kumaha

Dibeuteungan nyusu artina disapih, dieureunan nyusu
Conto kalimah : Naja kitu teu burung ari nguyung mah, lir budak rungsing dibeuteungan nyusu

Dibeuweung diutahkeun artina dipikir bulak-balik naon alusna naon gorengna samemeh nyokot putusan.
Conto kalimah : Meunang dua-tilu poe mah putusan geureuhana dina impenan ku Ajengan digayem, dibeuweung-diutahkeun, tungtungna ah, kari kumaha jinisna.

Bibit buit artina asal muasal, pituin, asli.
Conto kalimah : Abdi mah tuda bibit-buit ditu, ngumbaradi dieu mah

Bilatung dulang artina budak leutik anu keur meujeuhna beuki dahar.
Conto kalimah : ... ngan ieu mah dumeh ningali budak anu keur meujeuhna bilatung dulang, tanwande kalantar didikanana lamun keukeuh manehna nurutkeun napsu.

Biluk ka musuh artina jadi mihak ka musuh, jalma anu tadina aya di pihak urang tuluy pindah ka pihak musuh.
Conto kalimah : Atuh Subita ngandung timburu, pedah Lili samiuk biluk ka musuh.

Abong biwir teu diwengku, letah teu tulangan artina nyarita sangeunahna bae, henteu ngaragap hate batur, henteu paduli matak nyerieun hate nu sejen.
Conto kalimah : Da biwir teu diwengku, letah teu tulanganm beunang dipake kumaha karep nu ngomong.

Biwir nyiru rombengeun artina beuki ngomong jeung ngomongkeun batur tur sok sagala diomongkeun.
Conto kalimah : Carioskeun bae atuh Mang, da abdi oge piraku biwir nyiru rorombengeun. Ceu Tati teh sasat dulur sorangan, moal enya abdi nguar-nguar kaawonanana.

Beurat biwir artina hese nyarita ku sabab kagok, enteu wani pok, upamana ku sabab rek nginjeum duit sieun dipersabenan.
Conto kalimah : Arek pok nyebut ngaranna, Sarimaya teu kaduga, beurat biwir, angen ratug.

Bobor karahayon tina bobor karahayuan artina ngalaman sue.
Conto kalimah : Tapi baturna nu saurang nu sahate jeung manehna oge bobor karahayuan di sisi cai

Gede bobot pangayonna artina adil timbanganana, gede hampurana.
Conto kalimah : Sajaba kakoncara gede bobot pangayonna, Dalem Nagara Tengah teh kawetar katoweksaanana ka abdina.

Bobot pangayon timbang taraju artina timbangan kaadilan.
Conto kalimah : Bobot pangayon timbang taraju aya di dampal Gusti, kaulanan

Moal linyok moal bohong artina baris nyarita satarabasna, terus terang, moal aya nu disumput salindung.
Conto kalimah : Sumpah yen andika moal linyok moal bohong enggoning nyarita ?

Diboretekeun artina diterangkeun dosa jeung kasalahanana nu matak wirang
Conto kalimah : Paur kabitur, kapiheulaan babar. Paur diboretekeun manten. Ku abdi dipiheulaan.

Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan artina nu nandangan susah lain ditulungan tapi malah di kekesek jadi leuwih ripuh.
Conto kalimah : Geus kitu tea bae, Ani, nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan

Buana pancatengah artina nurutkeun komologi Sunda kuna cara anu dianut ku urang Kanekes (Baduy), alam makrokosmos teh dibagi tilu nyaeta, Buana Nyungcung palinggihan Sanghyang Keresa nu pangluhurna, Buana Pancatengah tempat matuh manusa jeung mahluk lianna, Buana Larang, naraka.
Conto kalimah : Pangeran Dpati ku ramana dipaparin pigarwaeun, putri anu panggeulisna sabuana pancatengah.

Buang jauh gantung tinggi artina hukuman pangbeuratna jaman harita, nyaeta dibuang ka nagara (wilayah) sejen jeung dihukum gantung.
Conto kalimah : Tapi najan buang jauh gantung tinggi, tetep nya percaya kana kaberesihan diri, da henteu rumaos dosa.

Dijieun budak rodek hulu artina henteu diajenan, dianggap budak nu babari dibobodo jeung dihina.
Conto kalimah : Asa dibobodo dililito, dijieun ka budak rodek hulu, boro mah gamparan menak, teu nyana kitu ka somah

Ngabudi santri artina milegeg lebe, ari lampah euwah-uewah.
Conto kalimah : Nu kitu meureun nu disebut budi santri legeg lebe, lampah jiga euwah-euwah teh

Amis budi artina bear budi, marahmay, pikaresepeun nu lian, darehdeh ka saha bae.
Conto kalimah : Maneh na mah amis budi, ka sasaha ge teu burung misobat.

Ngabudi ucing artina jiga anu lungguh jeung bageur, tapi lamun aya kasempetan tara talangke.
Conto kalimah : Babaturan taya deui gawena ngan tingkecewis ngarupat bae ka agan, majarkeun teh lungguh tutut, ngabudi ucing, teu kaop nyanding paisan.

Tacan puguh bule hideungna artina tacan puguh jalmana, tacan puguh jinisna.
Conto kalimah : Ari ayeuna kakara aya nu ngagawar-gawar, tacan puguh bule hideungna, ku Rai bade ditolak.

Murag bulu bitis artina iinditan bae, dilarapkeun ka jelema anu henteu betah di imah, tur biasana henteu puguh maksud iinditanana ge.
Conto kalimah : Urut jalma lungguh timpuh, perecit daek balantik, ayeuna mah jadi murag bulu bitis, teu beunang dideuleu beungeut, kana banda teu aya pisan kalebar, lacur ogor, ngadu osog.

Bulu taneuh artina patani.
Conto kalimah : Engkang mah bulu taneuh pijadieun rarapen, moal kenging didamel buket.

Teu rek gedag bulu salambar artina henteu ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rek terus ngalawan.
Conto kalimah : Gatotkaca teu gedag bulu salambar, najan nepi ka pati, henteu panasaran, komo ieu musuhna Karna anu mashur sakti, sanajan eleh, sugema tiis pikir (Mahabarata: 293)

Bulu punduk pating sariak artina sarua jeung muringkak bulu punduk.
Conto kalimah : Nu araya di dinya kabeh ngahelas hatena, ngadarenge eta caritaan, komo pamajikan Rasidin mah, bulu pundukna munggah pating sariak.

Rumingkang di bumi alam artina hirup di dunya.
Conto kalimah : Tetenjoan kaula, paman teh sakurang-kurangna geus meh lima puluh taun nya umur, tapi siga acan seubeuh keneh bae rumingkan di bumi alam teh.

Poek bumi alam artina leungiteun harepan, henteu nenjo pikahareupeun.
Conto kalimah : Teu kiat, Ema, teu kiat nandanganana. Asa poek bumi alam teh.

Bumi alam asa tungkeb artina asa katindihan langit, kaurugan gunungm henteu aya harepan.
Conto kalimah : Ngadenge omong nu gering Datawerdaya tambah ngarakacak hatena, bumi alam asa tungkeb.

Sabuni-buni nu ngising artina sakumaha susulumputanana oge kalakuan goreng mah moal burung betus kanyahoan ku balarea.
Conto kalimah : Sangka salaki loba anu kajadian, anu matak dibasaan ku kolot : sabuni-bunina nu ngising

Ngabuntut bangkong artina euweuh tuluyna jiga bangkong nu keur masih buruy mah buntutan tapi sabda jadi bancet leungit buntutna teh.
Conto kalimah : Siga rek ngabuntut bangkok perkara rajapati di pudunan Citarik teh.

Leutik buruh artina henteu aya kawani , sieunan, pangpangna dina wkatu nyanghareupan lawan, mending mundur manan maju.
Conto kalimah : Lah, ku leutik burih geuning boga RT teh ! Naha salah kitu mun kuring ngomong saujratna, nu satarabasna?

Buruk-buruk papan jati artina sagoreng-goreng na ge dulur atawa baraya sorangan, ulah nepi ka putus silaturahmi atawa dirogahala.
Conto kalimah : Tapi ras deui inget, buruk-buruk papan jati, najan kumaha wae ge eta teh kaplanceukna.

Daek busung artina sumpah nu populer pikeun ngayakinkeun yen henteu ngalakukeun nu dituduhkeun, cara daek disamber gelap, daek paeh, daek medu, daek ditekuk maung jeung sabangsana.
Conto kalimah : Sumpah oge mangga. daek busung teu nampi artos!

Buta tulang buta daging artina keur meumeujeuhna segut da masih ngora, jagjag waringkas bedas tanaga.
Conto kalimah : Maneh boga rasa bedas, jagjag waringkas, kawantu eukeur ngora, buta tulang buta daging.

Buta tuli artina teu nyaho nanaon.
Conto kalimah : Masantren soteh lain hayang jadi kiai, sakadar hayang nyaho di agama bae, ulah buta tuli teuing.

Sacongo buuk atawa satungtung buuk atawa rambut artina saeutik-eutik acan.
Conto kalimah : Teu buru-buru ngawaler tina teu nyangka sacongo buuk yen geuning anjeunna teh dituduh serong jeung hiji jalma nu geus mangpirang-pirang taun heubeulna teu tepung-tepung.

Babasan Wawacan Arti Sareng Conto Kalimahna Lengkap Bagian 1

  Babasan Wawacan Arti Sareng Conto Kalimahna Lengkap Bagian 1

Babasan nyaéta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa, atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman. Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna  Kabur pangacian artina reuwas kacida nepi ka meh leungiteun kasadaran. Conto kalimah : kop kana dompet terus ngalinting roko, tapi teu diseungeut ieuh, dicecepeng wae pasemon kawas nu kabur pangacian.  Adam lali ing tapel artina poho ka duduluran jeung ka baraya. Conto kalimah : Jeung eta teu kapalanggelona si Abdullah teh, kapan Ujang Kusen teh baraya manehanana, naha nepi ka dipalin pamajikanana, padahal buruhna teh ngan ukur lungsuran baju potongan jeung duit rurupiaan, nepi ka Adam lali ing tapel.  Adat kakurung ku iga artina adat jeug sipat jalma nu goreng anu hese leungitna, henteu bisa diomean deui. Conto kalimah : abong adat karurung ku iga kawasna Pa Paran mah. Ngomong na teh hih - bangun sangeunahna pisan, sabeledagna.  Adigung artina sombong, gede hulu. Conto kalimah : teu kaemut gunana, adigung takabur, kalah jiga nu mapanas, ka sasama raja di sejen nagari.  Adil palamarta artina sipat jalma, biasana raja, nu matang sarta henteu beurat sabeulah dina nyangharepan perkara. Conto kalimah : budina luhung, sugih abdi tur sugih harti, gede timbanganana, pinuh ku panemu, sabar adil palamarta, bersih manah ahli bakti ka Yang Widi.  Ngadu-ngadu rajawisuna artina ngahasut kaditu ka dieu nepi timbul pacogregan gede. Conto kalimah : lain ngadu-ngadu rajawisuna, lain nyiar pipaseaeun. Ieu mah ku bawaning teu kuat nahan pangajakna hate.  Adu jajaten artina ngadu kawani jeung kabisa, gelut. Conto kalimah : Poe Ahad engke jam salapan cenah, di dagoan di Ciluncat, urang ngadu jajaten.  Adu telu tampar tiga artina nu aya urusan diriungkeun atawa tarung bebeakan dina ngabela kayakinan. Conto kalimah : Urang sarerea cangcut taliwanda, prung tarung adu elu ampar tiga perang jeung walanda geusan mageuhan kamerdikaan.  Agul ku payang butut artina agul ku tuturunan atawa kokocoran luhur, biasana anu marake gelar raden. Conto kalimah : Ceuk urang kitu soteh, da nu agul ku payung butut mah beda deui. Turunan nu diutamakeun teh, kajeun kokoro asal terah menak.  Neda atawa mugi agung cukup lumur artina ungkara anu biasa diucapkeun ku nu ngarasa boga dosa sangkan dosana dihampura tapi sok diucapkeun deuih dina rupa-rupa kasempetan nyarita dina riuangan resmi sanajan saenyana euweuh masalah dosa. Conto kalimah : Kilang kitu mugi agung cukup lumur, reh sim abdi kamalancang, rumaos sanes babad sanes tanding.  Ulah luhur kumagungan hayang ngapak-ngapak langit artina ulah sombong asa aing beunghar atawa pinter leuwih ti nu sejen. Conto kalimah : pek diri geura rendahkeun, hate geura peruhkeun, ulah luhur kumagungan, hayang gapak-ngapak langit, sumawonna rek ngahina ka salaki.  Elmu ajug artina mapatahan batur hal anu ku sorangan mah henteu dipigawe. Conto kalimah : ajengan teh sok mesek gorengna elmu ajug. Ari elmu ajug teh nya eta, mere elmu ka batur (mapatahan), tapi manehna sorangan henteu ngamalkeun.  Ngajul bulan ku asiwung artina ngalakukeun hal anu taya gunana da mustahil kahontal. Conto kalimah : Kilang kitu mugi agung cukup lumur, reh sin abdi kumalancang, rumaos sanes babad sanes tanding, kalebet kana paripaos ngajul bulan ku asiwung, piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.  Lamun henteu ngakal  moal ngakeul artina lamun henteu daek usaha moal bisa barangdahar. Conto kalimah : Mapan aya paribasa lamun teu ngakal moal ngakeul, hartina lamun henteu daek digawe moal barang dahar.  aku-aku angga  artina ngan ukur ngaku bae ngarasa nu boga. Conto kalimah : Jadi anging Nu Agung Anu Maha Kawasa anu kagunganana. Manusa mah kabeh ge ukur aku-aku angga.  Ti alas peuntas artina ti tanah sebrang, nuduhkeun yen jauh. Conto kalimah : Jauh kaula teh ti alas peuntas.  Bungah amarwata suta artina ngarasa bungah anu pohara. Conto kalimah : Ajeungan bingahna amarwata suta, ginuluran bagja, putra jeung mantu wilujeung.  Ambek nyedek tanaga midek artina ngagambarkeun kaayaan jalma anu sanajan ngarasa ambek jeung hayang ngalawan, tapi henteu bisa kukumaha sabab nu disanghareupanana lain lawaneun manehna. Conto kalimah : Tapi sanajan napsu kuring ngagugudug, hate panas munggah ngentab, beungeut asa direrab, ku lantaran leungeun ditalian tea, ambek nyedek tanaga midek, napsu nguwung amarah teu kabudalkeun.  ambekna sakulit bawang artina nuduhkeun jalma anu gampang ngambek.  Conto kalimah : Diwangwangna, jangkung gede, kumis baplang, paromanna kereng, ambek na sakulit bawang.  Anak pangsujudan artina anak anu diugung-ugung didama-dama. Conto kalimah : Kari dua peuting deui kudu pindah, ku sabab eta mungguh tuan Haji Abdul Raup jeung pamajikanana teu kira-kira nya ngangres atina, kawantu budak diogo, anak pangsujudan; saumurna taca ngarasa misah jeung kolot.  Anak merak kukuncungan artina tabeat jeung sipat kolot nu hadena sok turun ka anak. Conto kalimah : Ari ku kitu tea mah, anak merak kukuncungan, da jenatna bapana ge jalma bageur kacida.  Jelema andar-andar artina jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana (galandangan). Conto kalimah : Di Kutamaya oge jenuk pamuk endar pahlawan, teu mudu muyang ka jalma andar-andar.  Andar-andar urang curug ngebul artina pikeun nyebut jalma anu henteu puguh asal-usulna bari ngahinakeun. Conto kalimah : Moal enya akang nu geus sakieu kakolotan, tur laas-laas oge urang teh aya keneh turunan, nepi ka daek dikutiplak ku cacah kuricakan, ku jelema katalayah, andar-andar urang curug ngebul!  Ngarampa angen sorangan artina dina nyarita atawa ngalakukeun tindakan ka nu sejen, henteu mikirkeun yen batur baris nyerieun hatena. Conto kalimah : Matak sebel teh Aom Usman ku ngahajakeun make ngadeheman jeung ngajak seuri, ieu aing putra menak, teu nyagap angen sorangan.  Ngimpi ge di angir mandi artina cadu, baid, kaayaan atawa lampah anu dijauhan, ulah nepi ka kaimpi-impikeun acan. Conto kalimah : Jaman harita mah jelema teh majar ngimpi ge diangir mandi boga anak jadi ronggeng.  Cara anjing tutung buntut artina henteu daek cicing, lanjang-linjing ku sabab henteu sabar. Conto kalimah : Cara anjing tutung buntut asup bijil teu ngeunah cicing, hayang geura nyalukan Nyi Piah.  Dianjing cai artina diheroan Conto kalimah : Geus karuhan deui ari rupana mah ! Kungsi dianjing cai ku Elang Surya teureuh Kanoman.  Ti kikirik nepi ka jadi anjing artina ti leutik keneh nepi ka gede. Conto kalimah : Horeng anjeun teh musuh kami. Boro weh dirorok ku Uwa Raksa suargi ti kikirik nepi ka jadi anjing.  Nganyar-nganyari artina nyieun kalakuan atawa nembongkeun sikep nu anyar, beda ti sasari. Conto kalimah : Paingan tuang ibu nganyar-nganyari siga nu ijid ari tepang jeung ceuceu teh  Anyar pinanggih artina kakara tepung, teu wawuh samemehna. Conto kalimah : Teu kaharti mikiran, naha Panghulu bet siga nyaah ka jelema anyar pinanggih, siga nu dagdag-degdeg nguruskeun.  Teu aral subaha artina henteu ngarasula, nampa kumaha ayana. Conto kalimah : cukup ku teu aral subaha oge, sabar tawekal.  Ngalangeu atawa ngadaweung ngabangbang areuy artina henteu puguh pipikiran, jarauh panineungan. Conto kalimah : ngalamun henteu karuhan, ngadaweung ngabangbang areuy, teu puguh nu dipikiran, ciciptan kumalayang ka nu anggang.  Geus teu asa jeung jiga artina nuduhkeun hubungan anu deukeut pisan nepi ka taya kakagok. Conto kalimah : Ku lantaran manehna ka sarudin teh geus teu asa jeung jiga, rarasaanana geus teu beda jeung ka dulur pet ku hinis, bet jol bae bijil wawanenna hayang ngabelaan sarudin.  Masing asak jeujeuhan artina samemeh mutuskeun nanaon kudu dipikir heula dibulak balik ambeh ulah kaduhung ahir na. Conto kalimah : Urang kudu percaya, tapi sing timburu, eta memang hese pisan, cekel pageuh ilat-ilat temah wadi, masing anak jeujeuhan.  Kedah asak sasar artina kudu matang timbangan, ulah kejot borosot. Conto kalimah : Utamina mungguh anu jadi ratu, kedah asak sasar, dina mutus perkawis teh, dawuh raja kedah jadi ucap tunggal.  Nu asih dipulang sengit, nu nyaah dipulang mah artina ngagambarkeun jalma nu henteu nyaho mulang tarima, nepi ka nyieun kagorengan ka jalma anu geus mikaasih atawa nulungan manehna dina waktu keur nyanghareupan karerepet. Conto kalimah : Harib putra Patih Muhatib, nu diteungteuingan ku andika. Nu Asih dipulang sengit, ditincak hulu, da sobari mah teu aya timburu yen pamajikanana mangduakeun  Handap asor artina sabalikna tina sombong, sareh jeung henteu gumede. Conto kalimah : Naja enya luhur kuta gede dunya, Ki Sudagar handap asor, sareseh jeung bear budi, katambah ku murah tangan.  Kagok asong artina kapalang eus maju, era mun mundur deui, atawa wirang lamun ngabatlkeun. Conto kalimah : Tos kitu mah jadi kagok asong tungtungna mah narima kana kadar wae.  Atah sasar artina kurang duduga peryoga, henteu ngayakeun panalungtikan nu taliti samemeh mutuskeun hiji hal. Contoh kalimah : Beuki lila beuki yakin, yen anjeunna teh atah sasar, kalejokeun ku nu bohong, percanten kana omongan jijieunan.  Tara eleh atah-atah artina tara gampang putus asa, tara gampang sumerah dina keur ngalaksanakeun naon bae ge. Conto kalimah : Ku jawaban nu sakitu pondokna, geus ngelemeng pasipatanana. Tegar, tara eleh carita atah-atah.  Atah warah artina kurang atikan, teu terang sopan santun, deukeut kana kurang ajar. Conto kalimah : Rumaos jalma atah warah. Kasar garihal ari sasauran.  Ateul biwir artina hayang ngomong atawa ngomongkeun bae. Conto kalimah : Kawas nu ateul biwir mun nenjo Amin dahar isuk-isuk teh, kudu bae ngagorowok.  Garo-garo teu ateul artina gagaro lain ku sabab ateul, tapi ku sabab aya masalah anu sarwa salah nepi ka matak bingung atawa matak keuheul. Conto kalimah : Tapi sok hanjelu malah sok garo haro teu ateul lamun keur uleng anteng ngimeutan peta hiji-hijina teh, jol wae bogo lauk galak nu nya kasar nya bolotot.  Ati mungkir beungeut nyanghareup artina ngagambarkeun jalma anu kumawula henteu jeung hatena, upamana awewe anu dipaksa kawin ku kolotna ka jelema anu henteu dipikacinta ku manehna. Conto kalimah : Dina kapaksana, Nyi Mojang kapaksa ati mungkir beungeut nyanghareup, atuh dina prungna panganten anu sabeulah alum mesum, paroman teu daek berag (Pacang : 13)  Ati asa digerihan artina ngalaman kanyeri jeung kasedih nu pohara ku sabab, upamana, henteu kaburu tepung jeung kolotna samemeh duanana maot. Conto kalimah : Taya deui ngan huleng jentul, ngadaweung  ngabangbang areuy, ati asa digerihan, nyeri ku dua ku tilu.  Kabeuli ati artina kataji ku kalakuan atawa omongan anu pikaresepeun. Tapi bisa oge ku lantaran geus narima ruruba sangkan biluk ka nu merena. Conto kalimah : Datang ka padaleman, ka karaton dagang emas inten, barana mahal, tara raga-rogo, bener gekna, alus pokna. Ku kitu oge jelema teh geus kabeuli atina.  awak keur tiis artina awak keur apes, keur sue, sagala gagal. Conto kalimah : Awewe ieu teh, tur awak sabeulah! Nganclang di pangumbaraan, anggang ti kadang wargana.  Awet rajet artina laki rabi anu salaki pamajikanana parasea bae, tapi henteu nepi ka pipisahan. Conto kalimah : Barabat nyarioskeun kaawonanana laki-rabi awet rajet, ku sabab eta tungtungna mundut dikeser.  Awewe mah gede bendunganana artina dina nyanghareupan pangajak kana kalakuan nu henteu bener, awewe mah leuwih kuat manan lalaki. Conto kalimah : Gamparan langkung uninga, awewe mah gede bendunganana, moal enya mayang henteu kalangkangan.

Babasan nyaéta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa, atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman. Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna.

Kabur pangacian artina reuwas kacida nepi ka meh leungiteun kasadaran.
Conto kalimah : kop kana dompet terus ngalinting roko, tapi teu diseungeut ieuh, dicecepeng wae pasemon kawas nu kabur pangacian.

Adam lali ing tapel artina poho ka duduluran jeung ka baraya.
Conto kalimah : Jeung eta teu kapalanggelona si Abdullah teh, kapan Ujang Kusen teh baraya manehanana, naha nepi ka dipalin pamajikanana, padahal buruhna teh ngan ukur lungsuran baju potongan jeung duit rurupiaan, nepi ka Adam lali ing tapel.

Adat kakurung ku iga artina adat jeug sipat jalma nu goreng anu hese leungitna, henteu bisa diomean deui.
Conto kalimah : abong adat karurung ku iga kawasna Pa Paran mah. Ngomong na teh hih - bangun sangeunahna pisan, sabeledagna.

Adigung artina sombong, gede hulu.
Conto kalimah : teu kaemut gunana, adigung takabur, kalah jiga nu mapanas, ka sasama raja di sejen nagari.

Adil palamarta artina sipat jalma, biasana raja, nu matang sarta henteu beurat sabeulah dina nyangharepan perkara.
Conto kalimah : budina luhung, sugih abdi tur sugih harti, gede timbanganana, pinuh ku panemu, sabar adil palamarta, bersih manah ahli bakti ka Yang Widi.

Ngadu-ngadu rajawisuna artina ngahasut kaditu ka dieu nepi timbul pacogregan gede.
Conto kalimah : lain ngadu-ngadu rajawisuna, lain nyiar pipaseaeun. Ieu mah ku bawaning teu kuat nahan pangajakna hate.

Adu jajaten artina ngadu kawani jeung kabisa, gelut.
Conto kalimah : Poe Ahad engke jam salapan cenah, di dagoan di Ciluncat, urang ngadu jajaten.

Adu telu tampar tiga artina nu aya urusan diriungkeun atawa tarung bebeakan dina ngabela kayakinan.
Conto kalimah : Urang sarerea cangcut taliwanda, prung tarung adu elu ampar tiga perang jeung walanda geusan mageuhan kamerdikaan.

Agul ku payang butut artina agul ku tuturunan atawa kokocoran luhur, biasana anu marake gelar raden.
Conto kalimah : Ceuk urang kitu soteh, da nu agul ku payung butut mah beda deui. Turunan nu diutamakeun teh, kajeun kokoro asal terah menak.

Neda atawa mugi agung cukup lumur artina ungkara anu biasa diucapkeun ku nu ngarasa boga dosa sangkan dosana dihampura tapi sok diucapkeun deuih dina rupa-rupa kasempetan nyarita dina riuangan resmi sanajan saenyana euweuh masalah dosa.
Conto kalimah : Kilang kitu mugi agung cukup lumur, reh sim abdi kamalancang, rumaos sanes babad sanes tanding.

Ulah luhur kumagungan hayang ngapak-ngapak langit artina ulah sombong asa aing beunghar atawa pinter leuwih ti nu sejen.
Conto kalimah : pek diri geura rendahkeun, hate geura peruhkeun, ulah luhur kumagungan, hayang gapak-ngapak langit, sumawonna rek ngahina ka salaki.

Elmu ajug artina mapatahan batur hal anu ku sorangan mah henteu dipigawe.
Conto kalimah : ajengan teh sok mesek gorengna elmu ajug. Ari elmu ajug teh nya eta, mere elmu ka batur (mapatahan), tapi manehna sorangan henteu ngamalkeun.

Ngajul bulan ku asiwung artina ngalakukeun hal anu taya gunana da mustahil kahontal.
Conto kalimah : Kilang kitu mugi agung cukup lumur, reh sin abdi kumalancang, rumaos sanes babad sanes tanding, kalebet kana paripaos ngajul bulan ku asiwung, piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.

Lamun henteu ngakal  moal ngakeul artina lamun henteu daek usaha moal bisa barangdahar.
Conto kalimah : Mapan aya paribasa lamun teu ngakal moal ngakeul, hartina lamun henteu daek digawe moal barang dahar.

aku-aku angga  artina ngan ukur ngaku bae ngarasa nu boga.
Conto kalimah : Jadi anging Nu Agung Anu Maha Kawasa anu kagunganana. Manusa mah kabeh ge ukur aku-aku angga.

Ti alas peuntas artina ti tanah sebrang, nuduhkeun yen jauh.
Conto kalimah : Jauh kaula teh ti alas peuntas.

Bungah amarwata suta artina ngarasa bungah anu pohara.
Conto kalimah : Ajeungan bingahna amarwata suta, ginuluran bagja, putra jeung mantu wilujeung.

Ambek nyedek tanaga midek artina ngagambarkeun kaayaan jalma anu sanajan ngarasa ambek jeung hayang ngalawan, tapi henteu bisa kukumaha sabab nu disanghareupanana lain lawaneun manehna.
Conto kalimah : Tapi sanajan napsu kuring ngagugudug, hate panas munggah ngentab, beungeut asa direrab, ku lantaran leungeun ditalian tea, ambek nyedek tanaga midek, napsu nguwung amarah teu kabudalkeun.

ambekna sakulit bawang artina nuduhkeun jalma anu gampang ngambek.
Conto kalimah : Diwangwangna, jangkung gede, kumis baplang, paromanna kereng, ambek na sakulit bawang.

Anak pangsujudan artina anak anu diugung-ugung didama-dama.
Conto kalimah : Kari dua peuting deui kudu pindah, ku sabab eta mungguh tuan Haji Abdul Raup jeung pamajikanana teu kira-kira nya ngangres atina, kawantu budak diogo, anak pangsujudan; saumurna taca ngarasa misah jeung kolot.

Anak merak kukuncungan artina tabeat jeung sipat kolot nu hadena sok turun ka anak.
Conto kalimah : Ari ku kitu tea mah, anak merak kukuncungan, da jenatna bapana ge jalma bageur kacida.

Jelema andar-andar artina jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana (galandangan).
Conto kalimah : Di Kutamaya oge jenuk pamuk endar pahlawan, teu mudu muyang ka jalma andar-andar.

Andar-andar urang curug ngebul artina pikeun nyebut jalma anu henteu puguh asal-usulna bari ngahinakeun.
Conto kalimah : Moal enya akang nu geus sakieu kakolotan, tur laas-laas oge urang teh aya keneh turunan, nepi ka daek dikutiplak ku cacah kuricakan, ku jelema katalayah, andar-andar urang curug ngebul!

Ngarampa angen sorangan artina dina nyarita atawa ngalakukeun tindakan ka nu sejen, henteu mikirkeun yen batur baris nyerieun hatena.
Conto kalimah : Matak sebel teh Aom Usman ku ngahajakeun make ngadeheman jeung ngajak seuri, ieu aing putra menak, teu nyagap angen sorangan.

Ngimpi ge di angir mandi artina cadu, baid, kaayaan atawa lampah anu dijauhan, ulah nepi ka kaimpi-impikeun acan.
Conto kalimah : Jaman harita mah jelema teh majar ngimpi ge diangir mandi boga anak jadi ronggeng.

Cara anjing tutung buntut artina henteu daek cicing, lanjang-linjing ku sabab henteu sabar.
Conto kalimah : Cara anjing tutung buntut asup bijil teu ngeunah cicing, hayang geura nyalukan Nyi Piah.

Dianjing cai artina diheroan
Conto kalimah : Geus karuhan deui ari rupana mah ! Kungsi dianjing cai ku Elang Surya teureuh Kanoman.

Ti kikirik nepi ka jadi anjing artina ti leutik keneh nepi ka gede.
Conto kalimah : Horeng anjeun teh musuh kami. Boro weh dirorok ku Uwa Raksa suargi ti kikirik nepi ka jadi anjing.

Nganyar-nganyari artina nyieun kalakuan atawa nembongkeun sikep nu anyar, beda ti sasari.
Conto kalimah : Paingan tuang ibu nganyar-nganyari siga nu ijid ari tepang jeung ceuceu teh

Anyar pinanggih artina kakara tepung, teu wawuh samemehna.
Conto kalimah : Teu kaharti mikiran, naha Panghulu bet siga nyaah ka jelema anyar pinanggih, siga nu dagdag-degdeg nguruskeun.

Teu aral subaha artina henteu ngarasula, nampa kumaha ayana.
Conto kalimah : cukup ku teu aral subaha oge, sabar tawekal.

Ngalangeu atawa ngadaweung ngabangbang areuy artina henteu puguh pipikiran, jarauh panineungan.
Conto kalimah : ngalamun henteu karuhan, ngadaweung ngabangbang areuy, teu puguh nu dipikiran, ciciptan kumalayang ka nu anggang.

Geus teu asa jeung jiga artina nuduhkeun hubungan anu deukeut pisan nepi ka taya kakagok.
Conto kalimah : Ku lantaran manehna ka sarudin teh geus teu asa jeung jiga, rarasaanana geus teu beda jeung ka dulur pet ku hinis, bet jol bae bijil wawanenna hayang ngabelaan sarudin.

Masing asak jeujeuhan artina samemeh mutuskeun nanaon kudu dipikir heula dibulak balik ambeh ulah kaduhung ahir na.
Conto kalimah : Urang kudu percaya, tapi sing timburu, eta memang hese pisan, cekel pageuh ilat-ilat temah wadi, masing anak jeujeuhan.

Kedah asak sasar artina kudu matang timbangan, ulah kejot borosot.
Conto kalimah : Utamina mungguh anu jadi ratu, kedah asak sasar, dina mutus perkawis teh, dawuh raja kedah jadi ucap tunggal.

Nu asih dipulang sengit, nu nyaah dipulang mah artina ngagambarkeun jalma nu henteu nyaho mulang tarima, nepi ka nyieun kagorengan ka jalma anu geus mikaasih atawa nulungan manehna dina waktu keur nyanghareupan karerepet.
Conto kalimah : Harib putra Patih Muhatib, nu diteungteuingan ku andika. Nu Asih dipulang sengit, ditincak hulu, da sobari mah teu aya timburu yen pamajikanana mangduakeun

Handap asor artina sabalikna tina sombong, sareh jeung henteu gumede.
Conto kalimah : Naja enya luhur kuta gede dunya, Ki Sudagar handap asor, sareseh jeung bear budi, katambah ku murah tangan.

Kagok asong artina kapalang eus maju, era mun mundur deui, atawa wirang lamun ngabatlkeun.
Conto kalimah : Tos kitu mah jadi kagok asong tungtungna mah narima kana kadar wae.

Atah sasar artina kurang duduga peryoga, henteu ngayakeun panalungtikan nu taliti samemeh mutuskeun hiji hal.
Contoh kalimah : Beuki lila beuki yakin, yen anjeunna teh atah sasar, kalejokeun ku nu bohong, percanten kana omongan jijieunan.

Tara eleh atah-atah artina tara gampang putus asa, tara gampang sumerah dina keur ngalaksanakeun naon bae ge.
Conto kalimah : Ku jawaban nu sakitu pondokna, geus ngelemeng pasipatanana. Tegar, tara eleh carita atah-atah.

Atah warah artina kurang atikan, teu terang sopan santun, deukeut kana kurang ajar.
Conto kalimah : Rumaos jalma atah warah. Kasar garihal ari sasauran.

Ateul biwir artina hayang ngomong atawa ngomongkeun bae.
Conto kalimah : Kawas nu ateul biwir mun nenjo Amin dahar isuk-isuk teh, kudu bae ngagorowok.

Garo-garo teu ateul artina gagaro lain ku sabab ateul, tapi ku sabab aya masalah anu sarwa salah nepi ka matak bingung atawa matak keuheul.
Conto kalimah : Tapi sok hanjelu malah sok garo haro teu ateul lamun keur uleng anteng ngimeutan peta hiji-hijina teh, jol wae bogo lauk galak nu nya kasar nya bolotot.

Ati mungkir beungeut nyanghareup artina ngagambarkeun jalma anu kumawula henteu jeung hatena, upamana awewe anu dipaksa kawin ku kolotna ka jelema anu henteu dipikacinta ku manehna.
Conto kalimah : Dina kapaksana, Nyi Mojang kapaksa ati mungkir beungeut nyanghareup, atuh dina prungna panganten anu sabeulah alum mesum, paroman teu daek berag (Pacang : 13)

Ati asa digerihan artina ngalaman kanyeri jeung kasedih nu pohara ku sabab, upamana, henteu kaburu tepung jeung kolotna samemeh duanana maot.
Conto kalimah : Taya deui ngan huleng jentul, ngadaweung  ngabangbang areuy, ati asa digerihan, nyeri ku dua ku tilu.

Kabeuli ati artina kataji ku kalakuan atawa omongan anu pikaresepeun. Tapi bisa oge ku lantaran geus narima ruruba sangkan biluk ka nu merena.
Conto kalimah : Datang ka padaleman, ka karaton dagang emas inten, barana mahal, tara raga-rogo, bener gekna, alus pokna. Ku kitu oge jelema teh geus kabeuli atina.

awak keur tiis artina awak keur apes, keur sue, sagala gagal.
Conto kalimah : Awewe ieu teh, tur awak sabeulah! Nganclang di pangumbaraan, anggang ti kadang wargana.

Awet rajet artina laki rabi anu salaki pamajikanana parasea bae, tapi henteu nepi ka pipisahan.
Conto kalimah : Barabat nyarioskeun kaawonanana laki-rabi awet rajet, ku sabab eta tungtungna mundut dikeser.

Awewe mah gede bendunganana artina dina nyanghareupan pangajak kana kalakuan nu henteu bener, awewe mah leuwih kuat manan lalaki.
Conto kalimah : Gamparan langkung uninga, awewe mah gede bendunganana, moal enya mayang henteu kalangkangan.