Rumpaka Kawih Bahasa Sunda (Pengertian, Unsur, Struktur, Contoh) Lengkap

Rumpaka Kawih Bahasa Sunda (Pengertian, Unsur, Struktur, Contoh) Lengkap.

Assaalamuallaikumteman. kali ini kita akan bahas tentang rumpaka kawih, pengertian rumpaka kawih memakai bahasa sunda, unsur rumpaka kawih, struktur rumpaka kawih, contoh rumpaka kawih bahasa sunda.
Rumpaka Kawih Bahasa Sunda (Pengertian, Unsur, Struktur, Contoh) Lengkap. Assaalamuallaikumteman. kali ini kita akan bahas tentang rumpaka kawih, naon anu disebut rumpaka kawih, pengertian rumpaka kawih memakai bahasa sunda, unsur rumpaka kawih, struktur rumpaka kawih, contoh rumpaka kawih bahasa sunda. Pengertian Rumpaka Kawih Anu disebut rumpaka nyaeta wangun basa anu dirakit (disusun atawa dikarang) ku para pangarang, , seniman, atawa sok disebut oge bujangga sarta miboga wirahma nu ajeg atawa angger. Wirahma (B. Sansekerta) atawa birama nya eta aturan nu aya dina lagu, kayaning wiletan (aturan sora tatabeuhan) jeung tempo atawa ketukan. Dina kawih Sunda atawa Jawa mah wirahma, tempo atawa ketukan teh bakal karasa sanggeus eta rumpaka lagu ditambahan ku titi laras atawa tangga nada. Istilah titi laras atawa tangga nada teh dina karawitan Sunda katelahna pentatonis (1/da, 2/mi, 3/na, 4/ti, 5/la). Nu matak kawih-kawih Sunda tradisional, wanda anyar atawa kawih pop sajaba ti pupuh kaasup kana lagu sekar tandak, nya eta lagu anu kauger (diatur) ku wiletan atawa wirahma/birama tea. Lagu atawa kawih anu dipidangkeun dina buku Pamekar Basa Kelas XI Pangajaran 1 teh nya eta anu judulna Borondong Garing, Colenak, Peuyeum Bandung, Tauco Cianjur, Goreng Pisang, Tahu Sumedang, Sagagang Kembang Ros, Bulan Batu Hiu, Bubuy Bulan, jeung Malati di Gunung Guntur. Dina eta buku oge dipedar ngeunaan ngabandingkeun eusi rumpaka kawih, unsur rumpaka kawih, wangun jeung purwakantina, gaya basa, katut kumaha cara nyaritakeun deui eusi kawih dina wangun paraprase. Sangkan kamampuh hidep ngeunaan kawih ngaronjat, dina ieu LKS bakal dipidangkeun rupa-rupa pancen atawa latihan ngeunaan kawih. Unsur Rumpaka Kawih Kawih diwangun ku unsur rasa nada, amanat, jeung tema. Rasa ngagambarkeun sikep atawa kaayaan hate nu ngarang atawa nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpakana. Nada ngagambarkeun sikep nu nulis rumpaka kawih, upamana sedih, langsa, kasieun, handap asor, sombong, era,hanjakal, jeung sajabana. Amanat nya eta perkara atawa pasualan anu hayang diteupikeun ku nu ngawih atawa nu ngarangna ka nu ngaregepkeun atawa nu maca. Amanat minangka kereteg anu ngarojong ka nu nulis kawih nyiptakeun karyana. Temanya eta hal poko atawa masalah anu dicaritakeun sarta ngajiwaan eusi rumpaka kawih, upamana masalah ekonomi, sosial, agama, kadeudeuh atawa kaasih, jeung sajabana. Contoh Rumpaka Kawih Cinta (Karya Nano S) Cinta lir ibarat kalangkang Deukeut anggang bisa diatur ku urang Cinta bisa ilang jeung nembongan Repok jodo ahima datang sorangan Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta Cinta panjang lalakonna Cinta lir ibarat nu geulis Gerak endah ginulur sewu mamanis Cinta perlu jalan anu luwes Solotogo kapakan diancam putus Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta Cinta perlu kasadaran Cinta datangna teu karasa Gandrung liwung miharep nu kapiati Cinta matak anteng beurang peuting Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta Cinta mangkak ligar endah Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta Cinta kembangna kanyaah. SOAL DAN JAWABAN 1. Naon nu karasa ku hidep sanggeus maca jeung ngaregepkeun rumpaka lagu "cinta" di luhur. Bungah, sedih atawa aya rasa sejen? Cing jelaskeun naha bet kitu! -) bungah lantaran kawih di luhur ngandung rumpaka, anu ngajadkeun yen ieu kawih anu bungah. 2. Diwangun ku sabaraha padalisan eta rumpaka kawih? -) 20 padalisan 3. Dina pada kahiji, padalisan kahiji jeung kadua aya ungkara model kieu : Cinta lir ibarat kalangkang. Deukeut anggangbisa diatur ku urang. Kumaha ceuk pamanggih hidep ? cing jelaskeun! -) Janten cinta teh bisa di atur kurang, mun urang hayang deukeut bisa di deukeutkeun mun hayang jauh tinggal di jauhkeun. 4. Dina pada kahiji padalisan katilu jeung kaopat aya ungkara moel kieu : Cinta teh bisa ilang jeung nembongan. Sologoto kapakan diancam putus Naon sababna ? Cing jelasken! -) Cinta teh bisa ngadadak datang, ngadadak leungit nepikeun ka bisa ngajieun hate putus ku lantaran kaleungitan cinta. 5. Dina pada kalitu, padalisan katilu jeung kaopat aya ungkara model kieu: Cinta teh matak anteng beurang peuting Ngadak-ngadak dunya ge asa nu sorangan Naha enya kitu? Cing jelaskeun! -) Ka ayana cinta urang asa bungah tutuluyan, asa eweuh masalah, unggal beurang jeung peuting hate teh asa bungah. 6. ............... Situ ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ningali ngenclong caina Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana ............... Judul sempalan kawih di luhur nya eta ? -) bubuy bulan 7. Naon anu dicaritakeun padalisan kahiji jeung kadua dina rummpaka kawih di luhur teh? -) nyaritakeun yen mancing di situ ciburuy mah hese meunang laukna malahan tutuluyan we ningali cai bari teu meunang wae 8. Ari anu dicaritakeun dina jajaran katilu jeung kaopat naon ? -) panasaran ka jalmi anu sok ngalangkung unggal enjing ngan saukur bisa ningali wungkul 9. ............... Unggal bulan, unggal bulan abdi teang Unggal poe, unggal poe oge hade ............... Dina sempalan kawih di luhur aya kecap unggal bulan abdi teang. Cing saha nu hayang diteang (mojang ku jajaka atawa jajaka ku mojang)? Jelaskeun ku hideup! -) Mojang ku jajaka lantaran nu nyanyi na ge mojang 10. .............. Ku teu sangka salira bet luas pisan Teu hawartis ka nu keur sok ngantos-ngantos Teu terang mah anjeun teh rek direndengkeun Moal lipur ku sataun duh nambaanana .............. Rumpaka di luhur teh sempalan tina kawih "Bajing luncat". Cing saha nu dimaksud salira (lalaki atawa awewe)? Jelaskeun! -) Awewe 11. Dimana-mana Di kampung di kota Tos kakoncara Ku nikmat rasana Semapal rumpaka kawih di luhur murwakanti sora a dina ... ---) Ahir padalisan 12. Sampeu asalna Teu direka-reka Naon namina Duh matak kabita Kecap teu direka-reka dina padalisan kadua sempalan kawih di luhur hartina sarua jeung ---) saayana wae 13. Situ ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ningali ngenclong caina Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana Mana anu kaasup eusi dina sempalan rumpaka kawih di luhur? ---) padalisan kadua jeung kaopat 14. Nyeredet hate ningali ngenclong caina Kecap ngenclong hartina sarua jeung, kajaba........ ---) herang 15. Situ ciburuy laukna hese dipancing Sasaruaan kecap dipancing dina sempalan kawih di luhur nya eta ... ---) diuseup 16. Inggis beunang ku batur Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun Unggal peuting babacaan Mapatkeun pelet asihan Anu ngandung purwakanti laras purwa dina rumpaka kawih di luhur, nya eta ---) padalisan ka 1 jeung 2 17. Cinta datangna teu karasa Gandrung liwung miharep nu kapiati Cinta matak anteng beurang peuting Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan Semapalan rumpaka kawih di luhur teh judulna....... ---) cinta 18. Unggal bulan, unggal bulan abdi teang Unggal poe, unggal poe oge hade Rumpaka kawih di luhur judulna ......... ---) Bubuy Bulan 19. Unggal peuting babacaan Mapatkeun pelet asihan Husus keur anjeun Judul rumpaka kawih di luhur nya eta........ ---) anjeun 20. Pangnyaahna sadunya, Pangbageurna sadunyaiwal anjeun Kecap sadunya dina sempalan rumpaka kawih di luhur ngandung gaya basa........ ---) rarahulan


Pengertian Rumpaka Kawih

Anu disebut rumpaka nyaeta wangun basa anu dirakit (disusun atawa dikarang) ku para pangarang, , seniman, atawa sok disebut oge bujangga sarta miboga wirahma nu ajeg atawa angger. Wirahma (B. Sansekerta) atawa birama nya eta aturan nu aya dina lagu, kayaning wiletan (aturan sora tatabeuhan) jeung tempo atawa ketukan.

Dina kawih Sunda atawa Jawa mah wirahma, tempo atawa ketukan teh bakal karasa sanggeus eta rumpaka lagu ditambahan ku titi laras atawa tangga nada. Istilah titi laras atawa tangga nada teh dina karawitan Sunda katelahna pentatonis (1/da, 2/mi, 3/na, 4/ti, 5/la). Nu matak kawih-kawih Sunda tradisional, wanda anyar atawa kawih pop sajaba ti pupuh kaasup kana lagu sekar tandak, nya eta lagu anu kauger (diatur) ku wiletan atawa wirahma/birama tea.

Lagu atawa kawih anu dipidangkeun dina buku Pamekar Basa Kelas XI Pangajaran 1 teh nya eta anu judulna Borondong Garing, Colenak, Peuyeum Bandung, Tauco Cianjur, Goreng Pisang, Tahu Sumedang, Sagagang Kembang Ros, Bulan Batu Hiu, Bubuy Bulan, jeung Malati di Gunung Guntur. Dina eta buku oge dipedar ngeunaan ngabandingkeun eusi rumpaka kawih, unsur rumpaka kawih, wangun jeung purwakantina, gaya basa, katut kumaha cara nyaritakeun deui eusi kawih dina wangun paraprase.

Sangkan kamampuh hidep ngeunaan kawih ngaronjat, dina ieu LKS bakal dipidangkeun rupa-rupa pancen atawa latihan ngeunaan kawih.

Unsur Rumpaka Kawih

Kawih diwangun ku unsur rasa nada, amanat, jeung tema. Rasa ngagambarkeun sikep atawa kaayaan hate nu ngarang atawa nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpakana. Nada ngagambarkeun sikep nu nulis rumpaka kawih, upamana sedih, langsa, kasieun, handap asor, sombong, era,hanjakal, jeung sajabana. Amanat nya eta perkara atawa pasualan anu hayang diteupikeun ku nu ngawih atawa nu ngarangna ka nu ngaregepkeun atawa nu maca. Amanat minangka kereteg anu ngarojong ka nu nulis kawih nyiptakeun karyana. Temanya eta hal poko atawa masalah anu dicaritakeun sarta ngajiwaan eusi rumpaka kawih, upamana masalah ekonomi, sosial, agama, kadeudeuh atawa kaasih, jeung sajabana.

Contoh Rumpaka Kawih

Cinta (Karya Nano S)

Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo ahima datang sorangan
Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta
Cinta panjang lalakonna
Cinta lir ibarat nu geulis
Gerak endah ginulur sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu luwes
Solotogo kapakan diancam putus
Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta
Cinta perlu kasadaran

Cinta datangna teu karasa
Gandrung liwung miharep nu kapiati
Cinta matak anteng beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta
Cinta mangkak ligar endah
Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta
Cinta kembangna kanyaah.

SOAL DAN JAWABAN

1. Naon nu karasa ku hidep sanggeus maca jeung ngaregepkeun rumpaka lagu "cinta" di luhur.         
    Bungah, sedih atawa aya rasa sejen? Cing jelaskeun naha bet kitu!
-) bungah lantaran kawih di luhur ngandung rumpaka, anu ngajadkeun yen ieu kawih anu bungah.

2. Diwangun ku sabaraha padalisan eta rumpaka kawih?
-) 20 padalisan

3. Dina pada kahiji, padalisan kahiji jeung kadua aya ungkara model kieu :
              Cinta lir ibarat kalangkang.
              Deukeut anggangbisa diatur ku urang.
    Kumaha  ceuk pamanggih hidep ? cing jelaskeun!
-) Janten cinta teh bisa di atur kurang, mun urang hayang deukeut bisa di deukeutkeun mun hayang 
    jauh tinggal di jauhkeun.

4. Dina pada kahiji padalisan katilu jeung kaopat aya ungkara moel kieu :
             Cinta teh bisa ilang jeung nembongan.
             Sologoto kapakan diancam putus
    Naon sababna ? Cing jelasken!
-) Cinta teh bisa ngadadak datang, ngadadak leungit nepikeun ka bisa ngajieun hate putus ku lantaran
    kaleungitan cinta.

5. Dina pada kalitu, padalisan katilu jeung kaopat aya ungkara model kieu:
             Cinta teh matak anteng beurang peuting
             Ngadak-ngadak dunya ge asa nu sorangan
    Naha enya kitu? Cing jelaskeun!
-) Ka ayana cinta urang asa bungah tutuluyan, asa eweuh masalah, unggal beurang jeung peuting
    hate teh asa bungah.

6. ...............
    Situ ciburuy laukna hese dipancing
    Nyeredet hate ningali ngenclong caina
    Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing
    Nyeredet hate ningali sorot socana
    ...............
    Judul sempalan kawih di luhur nya eta ?
-) bubuy bulan

7. Naon anu dicaritakeun padalisan kahiji jeung kadua dina rummpaka kawih di luhur teh?
-) nyaritakeun yen mancing di situ ciburuy mah hese meunang laukna malahan tutuluyan we ningali
    cai bari teu meunang wae

8. Ari anu dicaritakeun dina jajaran katilu jeung kaopat naon ?
-) panasaran ka jalmi anu sok ngalangkung unggal enjing ngan saukur bisa ningali wungkul

9. ...............
    Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
    Unggal poe, unggal poe oge hade
    ...............
    Dina sempalan kawih di luhur aya kecap unggal bulan abdi teang. Cing saha nu hayang diteang
    (mojang ku jajaka atawa jajaka ku mojang)? Jelaskeun ku hideup!
-) Mojang ku jajaka lantaran nu nyanyi na ge mojang

10. ..............
      Ku teu sangka salira bet luas pisan
      Teu hawartis ka nu keur sok ngantos-ngantos
      Teu terang mah anjeun teh rek direndengkeun
      Moal lipur ku sataun duh nambaanana
      ..............
      Rumpaka di luhur teh sempalan tina kawih "Bajing luncat". Cing saha nu dimaksud salira (lalaki        atawa awewe)? Jelaskeun!
-)   Awewe

11. Dimana-mana
      Di kampung di kota
      Tos kakoncara
      Ku nikmat rasana
      Semapal rumpaka kawih di luhur murwakanti sora a dina ...
---) Ahir padalisan

12. Sampeu asalna
      Teu direka-reka
      Naon namina
      Duh matak kabita

      Kecap teu direka-reka dina padalisan kadua sempalan kawih di luhur hartina sarua jeung
---) saayana wae

13. Situ ciburuy laukna hese dipancing
      Nyeredet hate ningali ngenclong caina
      Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing
      Nyeredet hate ningali sorot socana

      Mana anu kaasup eusi dina sempalan rumpaka kawih di luhur?
---) padalisan kadua jeung kaopat

14. Nyeredet hate ningali ngenclong caina
      Kecap ngenclong hartina sarua jeung, kajaba........
---) herang

15. Situ ciburuy laukna hese dipancing
      Sasaruaan kecap dipancing dina sempalan kawih di luhur nya eta ...
---) diuseup

16. Inggis beunang ku batur
      Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun
      Unggal peuting babacaan
      Mapatkeun pelet asihan

      Anu ngandung purwakanti laras purwa dina rumpaka kawih di luhur, nya eta
---) padalisan ka 1 jeung 2

17. Cinta datangna teu karasa
      Gandrung liwung miharep nu kapiati
      Cinta matak anteng beurang peuting
      Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan

      Semapalan rumpaka kawih di luhur teh judulna.......
---) cinta

18. Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
      Unggal poe, unggal poe oge hade
      Rumpaka kawih di luhur judulna .........
---) Bubuy Bulan

19. Unggal peuting babacaan
      Mapatkeun pelet asihan
      Husus keur anjeun
      Judul rumpaka kawih di luhur nya eta........
---) anjeun

20. Pangnyaahna sadunya,
      Pangbageurna sadunyaiwal anjeun
      Kecap sadunya dina sempalan rumpaka kawih di luhur ngandung gaya basa........
---) rarahulan




Share this

Related Posts

Previous
Next Post »