Sajak Bahasa Sunda Lengkap Soal dan Jawaban - Pelajar Masa Depan

Sajak Bahasa Sunda Lengkap Soal dan Jawaban

Sajak Bahasa Sunda Lengkap Soal dan Jawaban Assalamuallaikum, kali ini kita akan bahas tentang sajak memakai bahasa sunda, naon eta sajak, naon eta sajak epik, naon eta sajak lirik, perbedaan sajak epik dan sajak lirik. Sajak kaasup kana salah sahiji karya sastra wangun puisi. Basana singget jeung padet sarta sok ngandung harti injeuman (harti sejen) atawa ma'na konotatif. Dina sajak teu ditangtukeun atawa teu aya patokan jumlahna kudu sakitu jajar atawa sakitu engang. Geura ilikan contona di handap sajak "Priangan" karya Rahmat M. Sas Karana Priangan (Karya Rahmat M. Sas Karana) Mojang lenjang nu hideung santen Diaping srangenge ti enjing dugi ka sonten Upami wengi dipepende bulan ngempur Jungjunan Upami dugi ka puput umur Kurebkeun kuring dina pangkonan Eta sajak ditulisna bebas wae, teu ditangtukeun jumlah jajarannana, jumlah engang (sukukta) unggal jajar atawa padalisan, jeung sora ahir atawa guru lagu unggal tungtung padalisan. Bandingkeun jeung sajak nu di luhur jeung di handap ieu. Berseka (Pupuh Asmarandana) Eling-eling murangkalih 8-i Kudu apik jeung berseka 8-a Ulah odoh ka panganggo 8-o Mun kotor geuwat seuseuhan 8-a Soeh geuwat kaputan 7-a Ka nu buruk masing butuh 8-u Ka nu anyar masing lebar 8-a Dina pupuh mah ditangtukeun patokanana, kayaning jumlah jajar unggal pada, jumlah engang unggal ajar, guru lagu unggal tungtung jajar (padalisan). Sajak kaasup kana salah sahiji karya sastra wangun puisi bahasana jeung padet sarta sok ngandung harti injeuman (harti sejen) atawa ma'na konotatif. Jumlah jajaran atawa padalisan dina sajak teu dipatok, kitu oge jumlah engangna. Dina sajak mah teu ditangtukeun kudu sakitu jajar atawa sakitu engang. Sajak mah ditulisna bebas wae, teu kawas pupuh. Ari pupuh mah ditangtukeun jumlah jajaranana. Siga patokan oikeun pupuh Asmarandana kudu 7 (tujuh) jajar, sarta guru lagu unggal jajar jeung guru wilangan oge geus dipatok. Aya oge nu ngarana sajak epik. Sajak epik nya eta anu eusina nyaritakeun hiji lalakon, upamana saurang tokoh. Conto sajak epik di antarana Di Panugaran Batu Curug Sigay karya Agus Suriamiharja, Jante Arkidam karya Ajip Rosidi, Ajengan Cigalumpit karya Apip Mustopa, Cadas Pangeran Karya Yus Rusyana, Grand Prix karya Godi Suwarna, jeung rea-rea deui. Sajak lirik mah sajak anu ngebrehkeun rasa anu aya dina diri panyajak, upamana rasa nalangsa, gumbira, ambek, kahariwang, jeung sajabana. Conto sajak lirik di antarana Lemah Cai Kuring karya Apip Mustopa, Priangan karya Rahmat M. Sas Karana, Seuneu Bandung karya Karna Yudibrata, jeung sajabana. Upamana sora engang panuntung ahir padalisan, kayaning i-i-a, i-i-a, i-i-a, nu disebutna murwakanti/purwakanti. Sabab dina eta sajak nu saruana sorana di tungtung padalisan, sok disebut purwakanti laras wekas. Geura ilikan ku hidep contona dina sempalan sajak di handap! Lemah Cai Kuring (Apip Mustopa) Lemah kuring Cai kuring Geuning geus loba nu kurang Lemah kuring Cai kuring Geuning geus loba nu hayang .......... Dina sempalan sajak di luhur kecap lemah kuring, cai kuring, jeung geuning dibalikan deui dina unggal pada. Nu kitu teh sok disebut mindoan kawit atawa gaya basa repetisi. Maksudna sajaba ti nimbulkeun kaendahan sajak, oge pikeun negeskeun ka nu maca. Contoh Soal dan Jawaban tentang Sajak Bahasa Sunda Priangan (Karya Rahmat M. Sas Karana) Mojang lenjang nu hideung santen Diaping srangenge ti enjing dugi ka sonten Upami wengi dipepende bulan ngempur Jungjunan Upami dugi ka puput umur Kurebkeun kuring dina pangkonan 1. Ngeunaan naon anu dicaritakeun dina sajak "Priangan" di luhur ? Jawab : Tanah Sunda 2. Maksudna panyajak nuliskeun kecap mojanglenjang nya eta : Jawab : ngibaratkeun tanah sunda 3. Sasaruaan kecap srangenge dina eta sajak nya eta : Jawab : panon poe 4. Dina eta sajak aya kecap hideungsanten, biasana sok dilarapkeun kna... Jawab : pakulitan 5. Bulan ngempur dina eta sajak ngagambarkeun... Jawab : caangna sorot bulan 6. Dina eta sajak aya kecap jungjunan. Naon maksudna panyajak ngagunakeun eta kecap ? Jawab : rasa kanyaah ka tatar sunda 7. Kecap kurebkeun dina eta sajak hartina sarua jeung... Jawab : kuburkeun 8. Kecap pangkonan dina eta sajak lemesna tina kecap... Jawab : pangkon 9. Cara ngarucat engang dina kecap pangkonan nu bener nya eta:... Jawab : pangkon-an 10. Harti sejen tina kecap puput umur dina eta sajak nya eta ... Jawab : maot 11. Tukeran ieu sajak Kubeas wuluh atawa heucak Heug sidkahkeun ka nu haropak Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak bagian anu murwakanti dina eta sempalan sajak di luhur aya dina... Jawab : unggal tungtung padalisan 12. Murwakanti dina sora naon nu aya dina sempalan sajak di luhur ? Jawab : sora a 13. Murwakanti sora ahir aya dina kecap ... Jawab : sajak, heucak, haropak, sasak 14. Kecap tukeuran dina padalisan kahiji, hartina sarua jeung... Jawab : hilian 15. Kecap beas wuluh dina padalisan kadua hartina nuduhkeun rupa beas anu semu beureum. Eta teh kecap nuduhkeun... Jawab : pagawean 16. Kecap heucak dina padalisan kadua hartina nuduhkeun buah pare anu misah tina gagangna atawa teu gembleng ranggeuyanana, sarta teu bisa digeugeus atawa diiket atawa dibeungkeut atawa ditalian. Eta kecap teh nuduhkeun... Jawab : 17. Kecap sidkahkeun dina padalisan katilu hartina sarua jeung sodaqoh nu asalna tina basa Jawab : arab 18. Kecap haropak dina padalisan katilu ngagambarkeun beungeut nu pias, lantaran hudang gering atawa kakurangan dahar. Eta kecap teh nuduhkeun... Jawab : sipat atawa kaayaan 19. Kecap marangkuk dina padalisan kaopat hartina nunggu atawa nungguan di hiji tempat. Eta kecap teh nuduhkeun... Jawab : pagawean 20. Kecap kolong sasak dina padalisan kaopat nuduhkeun... Jawab : karetangan 21. Jungjunan Upami dugi ka puput umur Kurebkeun kuring dina pangkonan Eta sempalan sajak di luhur u judulna Priangan teh ngagambarkeun rasa pangarang anu ... Jawab : harepan 22. Seuneu nyebrot di dapur Cikapundung Geni sakti, cahya ilahi Hamo bisa dipareuman Eta sempalan sajak di luhur nu judulna Seuneu Bandung teh ngagambarkeun rasa pangarang anu... Jawab : teuneung ludeung gede kawani 23. Gawe sabaraha poe Tueur beas jeung mole Bro ka pamajikan Nohonan kajujuran Eta sempalan sajak di luhur nu judulna di panugaran batu curug sigay teh ngagambarkeun lalakon tokoh anu ... Jawab : tanggung jawab 24. Lemah kuring Cai kuring Geuning geus loba nu kurang Karya saha ieu sempalan sajak di handap ? Jawab : Apip Mustopa 25. Semapalan ieu di handap asalna tina sajak anu judulna ... Tukeuran ieu sajak Kubeas wuluh atawa heucak Heug sidkahkeun ka nu haropak Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak Jawab : Tukerkeun ieu sajak
Assalamuallaikum, kali ini kita akan bahas tentang sajak memakai bahasa sunda, naon eta sajak, naon eta sajak epik, naon eta sajak lirik, perbedaan sajak epik dan sajak lirik.

Sajak kaasup kana salah sahiji karya sastra wangun puisi. Basana singget jeung padet sarta sok ngandung harti injeuman (harti sejen) atawa ma'na konotatif.

Dina sajak teu ditangtukeun atawa teu aya patokan jumlahna kudu sakitu jajar atawa sakitu engang. Geura ilikan contona di handap sajak "Priangan" karya Rahmat M. Sas Karana

Priangan (Karya Rahmat M. Sas Karana)

Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangenge ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipepende bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan

Eta sajak ditulisna bebas wae, teu ditangtukeun jumlah jajarannana, jumlah engang (sukukta) unggal jajar atawa padalisan, jeung sora ahir atawa guru lagu unggal tungtung padalisan.

Bandingkeun jeung sajak nu di luhur jeung di handap ieu.

Berseka
(Pupuh Asmarandana)

Eling-eling murangkalih               8-i
Kudu apik jeung berseka              8-a
Ulah odoh ka panganggo              8-o
Mun kotor geuwat seuseuhan       8-a
Soeh geuwat kaputan                    7-a
Ka nu buruk masing butuh           8-u
Ka nu anyar masing lebar             8-a

Dina pupuh mah ditangtukeun patokanana, kayaning jumlah jajar unggal pada, jumlah engang unggal ajar, guru lagu unggal tungtung jajar (padalisan).

Sajak kaasup kana salah sahiji karya sastra wangun puisi bahasana jeung padet sarta sok ngandung harti injeuman (harti sejen) atawa ma'na konotatif. Jumlah jajaran atawa padalisan dina sajak teu dipatok, kitu oge jumlah engangna. Dina sajak mah teu ditangtukeun kudu sakitu jajar atawa sakitu engang. Sajak mah ditulisna bebas wae, teu kawas pupuh. Ari pupuh mah ditangtukeun jumlah jajaranana. Siga patokan oikeun pupuh Asmarandana kudu 7 (tujuh) jajar, sarta guru lagu unggal jajar jeung guru wilangan oge geus dipatok.

Aya oge nu ngarana sajak epik. Sajak epik nya eta anu eusina nyaritakeun hiji lalakon, upamana saurang tokoh. Conto sajak epik di antarana Di Panugaran Batu Curug Sigay karya Agus Suriamiharja, Jante Arkidam karya Ajip Rosidi, Ajengan Cigalumpit karya Apip Mustopa, Cadas Pangeran Karya Yus Rusyana, Grand Prix karya Godi Suwarna, jeung rea-rea deui.

Sajak lirik mah sajak anu ngebrehkeun rasa anu aya dina diri panyajak, upamana rasa nalangsa, gumbira, ambek, kahariwang, jeung sajabana. Conto sajak lirik di antarana Lemah Cai Kuring karya Apip Mustopa, Priangan karya Rahmat M. Sas Karana, Seuneu Bandung karya Karna Yudibrata, jeung sajabana.

Upamana sora engang panuntung ahir padalisan, kayaning i-i-a, i-i-a, i-i-a, nu disebutna murwakanti/purwakanti. Sabab dina eta sajak nu saruana sorana di tungtung padalisan, sok disebut purwakanti laras wekas. Geura ilikan ku hidep contona dina sempalan sajak di handap!

Lemah Cai Kuring
(Apip Mustopa)

Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu kurang

Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu hayang
..........

Dina sempalan sajak di luhur kecap lemah kuring, cai kuring, jeung geuning dibalikan deui dina unggal pada. Nu kitu teh sok disebut mindoan kawit atawa gaya basa repetisi. Maksudna sajaba ti nimbulkeun kaendahan sajak, oge pikeun negeskeun ka nu maca.

Contoh Soal dan Jawaban tentang Sajak Bahasa Sunda

Priangan (Karya Rahmat M. Sas Karana)

Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangenge ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipepende bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan

1. Ngeunaan naon anu dicaritakeun dina sajak "Priangan" di luhur ?
Jawab : Tanah Sunda

2. Maksudna panyajak nuliskeun kecap mojanglenjang nya eta :
Jawab : ngibaratkeun tanah sunda

3. Sasaruaan kecap srangenge dina eta sajak nya eta :
Jawab : panon poe

4. Dina eta sajak aya kecap hideungsanten, biasana sok dilarapkeun kna...
Jawab : pakulitan

5. Bulan ngempur dina eta sajak ngagambarkeun...
Jawab : caangna sorot bulan

6. Dina eta sajak aya kecap jungjunan. Naon maksudna panyajak ngagunakeun eta kecap ?
Jawab : rasa kanyaah ka tatar sunda

7. Kecap kurebkeun dina eta sajak hartina sarua jeung...
Jawab : kuburkeun

8. Kecap pangkonan dina eta sajak lemesna tina kecap...
Jawab : pangkon

9. Cara ngarucat engang dina kecap pangkonan nu bener nya eta:...
Jawab : pangkon-an

10. Harti sejen tina kecap puput umur dina eta sajak nya eta ...
Jawab : maot

11. Tukeran ieu sajak
      Kubeas wuluh atawa heucak
      Heug sidkahkeun ka nu haropak
      Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak

      bagian anu murwakanti dina eta sempalan sajak di luhur aya dina...
Jawab : unggal tungtung padalisan

12. Murwakanti dina sora naon nu aya dina sempalan sajak di luhur ?
Jawab : sora a

13. Murwakanti sora ahir aya dina kecap ...
Jawab : sajak, heucak, haropak, sasak

14. Kecap tukeuran dina padalisan kahiji, hartina sarua jeung...
Jawab : hilian

15. Kecap beas wuluh dina padalisan kadua hartina nuduhkeun rupa beas anu semu beureum. Eta teh kecap nuduhkeun...
Jawab : pagawean

16. Kecap heucak dina padalisan kadua hartina nuduhkeun buah pare anu misah tina gagangna atawa teu gembleng ranggeuyanana, sarta teu bisa digeugeus atawa diiket atawa dibeungkeut atawa ditalian. Eta kecap teh nuduhkeun...
Jawab :

17. Kecap sidkahkeun dina padalisan katilu hartina sarua jeung sodaqoh nu asalna tina basa
Jawab : arab

18. Kecap haropak dina padalisan katilu ngagambarkeun beungeut nu pias, lantaran hudang gering atawa kakurangan dahar. Eta kecap teh nuduhkeun...
Jawab : sipat atawa kaayaan

19. Kecap marangkuk dina padalisan kaopat hartina nunggu atawa nungguan di hiji tempat. Eta kecap teh nuduhkeun...
Jawab : pagawean

20. Kecap kolong sasak dina padalisan kaopat nuduhkeun...
Jawab : karetangan

21. Jungjunan
      Upami dugi ka puput umur
      Kurebkeun kuring dina pangkonan

      Eta sempalan sajak di luhur u judulna Priangan teh ngagambarkeun rasa pangarang anu ...
Jawab : harepan

22. Seuneu nyebrot di dapur Cikapundung
      Geni sakti, cahya ilahi
      Hamo bisa dipareuman

      Eta sempalan sajak di luhur nu judulna Seuneu Bandung teh ngagambarkeun rasa pangarang anu...
Jawab : teuneung ludeung gede kawani

23. Gawe sabaraha poe
      Tueur beas jeung mole
      Bro ka pamajikan
      Nohonan kajujuran

      Eta sempalan sajak di luhur nu judulna di panugaran batu curug sigay teh ngagambarkeun lalakon tokoh anu ...
Jawab : tanggung jawab

24. Lemah kuring
      Cai kuring
      Geuning geus loba nu kurang

      Karya saha ieu sempalan sajak di handap ?
Jawab : Apip Mustopa

25. Semapalan ieu di handap asalna tina sajak anu judulna ...
      Tukeuran ieu sajak
      Kubeas wuluh atawa heucak
      Heug sidkahkeun ka nu haropak
      Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Jawab : Tukerkeun ieu sajak

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »