Kumpulan Contoh Babasan Jeung Paribasa Sunda Lengkap

Harti Babasan Jeung Paribasa Sunda


contoh babasan jeung paribasa sunda. arti babasan bahasa sunda. arti paribasa bahasa sunda. kumpulan contoh babasan jeung paribasa sunda. Arti nyeri beuheung sosonggoteun. Arti kolot dina beuheung munding. Arti nyanggakeun beuheung teukteukeun tikoro gorokeun, suku genteng belokeun. Arti tamiang meulit ka bitis. Arti asa murag bulu bitis. Arti asa ditonjok congcot. Arti hambur bacot murah congcot. Arti lauk buruk milu mijah, puritan milu nedogan. Arti endog mapagahan (mapatahan) hayam. Arti endog sapataragan tara megar kabeh. Arti kawas nanggeuy endog beubeureumna. Arti dug hulu pet nyawa. Arti gede hulu. Arti geus nyanghulu ngaler. Arti hulu gundul dihihidan. Arti hulu peutieun. Arti kawas ka budak rodek hulu. Arti miyuni (cara) hurang. Arti nya picung nya hulu maung. Arti nyanghulu ka jarian. Arti saumur nyunyuhun hulu. Arti teu puguh hulu buntutna (alang ujurna). Arti dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot. Arti dosa salaput hulu. Arti elmu ajug. Arti elmu angklung. Arti elmu kepek. Arti elmu sapi. Arti elmu tumbila. arti elmu tungtut dunya siar sukan-sukan sakadarna

          Aya ungkara basa kayaning satungkebing langit satangkarakaning jagat, alam petengmedeng, alam caang padang narawangan, jati kasilih ku junta, hade gogog hade tagog, jeung langkung saur bahe carek. Eta anu ditataan teh kaasup kana ungkara babasan jeung paribasa. Dina basa Indonesia mah katelahna ungkapan. Ari anu disebut babasan jeung paribasa teh nyaeta ungkara basa anu geus matok atawa angger sarta ngandung harti anu tangtu.
Ungkara basa satungkebing langit satangkarakaning jagat ngandung hari saalam dunya, alam petengmedeng ngandung harti zaman jahiliah, alam caang padang narawangan ngandung harti zaman nu geus diatur ku sareat islam, jati kasilih ku junting ngandung harti kahirupan pribumi kaelehkeun ku semah (pendatang), hade gogog hade tagog ngandung harti jalma anu alus basa jeung tingkah lakuna, langkung saur bahe carek ngandung harti sok gampang gurah-geureuh atawa curak-carek.
25 conto babasan jeung paribasa !
1.     Nyeri beuheung sosonggoteun
Hartina : geus lila ngadagoan nu kuduna geus datang
2.     Kolot dina beuheung munding
Hartina : kolot tapi teu loba kanyaho
3.     Nyanggakeun beuheung teukteukeun tikoro gorokeun, suku genteng belokeun
Hartina : masrahkeun maneh pikeundihukum lantaran rumasa boga dosa
4.     Tamiang meulit ka bitis
Hartina : malindes ka diri sorangan
5.     Asa murag bulu bitis
Hartina : teu betah cicing di imah, karesepna ngan nyaba bae
6.     Asa ditonjok congcot
Hartina : kacida atohna, bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka
7.     Hambur bacot murah congcot
Hartina : babari nyarekan, tapi berehan
8.     Lauk buruk milu mijah, puritan milu nedogan
Hartina : pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan
9.     Endog mapagahan (mapatahan) hayam
Harina : budak mapatahan kolot, atawa mapagahan nu geus bisa atawa nu leuwih luhur pangartina
10.            Endog sapataragan tara megar kabeh
Hartina : di antara dulur-duur saindung-sabapa sok aya bae anu teu pati alus milikna
11.            Kawas nanggeuy endog beubeureumna
Hartina : kacida didama-dama jeung dipusti-pustina
12.            Dug hulu pet nyawa
Hartina : usaha satekah polah meh taya eureunna
13.            Gede hulu
Hartina : adigung, sombong
14.            Geus nyanghulu ngaler
Hartina : geus maot
15.            Hulu gundul dihihidan
Hartina : nu keur untung tambah untung
16.            Hulu peutieun
Hartina : jelema nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna
17.            Kawas ka budak rodek hulu
Hartina : ngahina, kawas ka jelema nu bodo atawa kawas ka budak nu bolon keneh
18.            Miyuni (cara) hurang
Hartina : tai ka hulu-hulu na, bodo pisan
19.            Nya picung nya hulu maung
Hartina : hare-hare, batur ngaler ieu ngidul (jawaban atawa caritaan dina paguneman)
20.            Nyanghulu ka jarian
Hartina : ngadunungan ka jelema nu sahandapeun martabatna
21.            Saumur nyunyuhun hulu
Hartina : ti barang lahir, ti barang inget
22.            Teu puguh hulu buntutna (alang ujurna)
Hartina : teu puguh entep seureuhna, teu beres (bisa kana omongan atawa pagawean)
23.            Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot
Hartina : teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug bae
24.            Dosa salaput hulu
Hartina : dosa anu geus kacida lobana
25.            Elmu ajug
Hartina : jalma nu biasa mapatahan kahadean ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeunana
26.            Elmu angklung
Hartina : joledar atawa patukang toggong jeung kolot
27.            Elmu kepek
Hartina : pituduh tina buku atawa kitab anu acan diprakkeun ku sorangan
28.            Elmu sapi
Hartina : samiuk kana kagorengan, guyub dina hal nu kurang hade
29.            Elmu tumbila
Hartina : pribumi ngarugikeun semah
30.            Elmu tungtut dunya siar sukan-sukan sakadarna
Hartina : hirup kudu nungtut nyiar elmu pikeun

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »