Pidato Bahasa Sunda (Contoh Pidato Paturay Tineung, Pengertian, Ciri-ciri, Isi, Pokok-pokok)

 PIDATO BAHASA SUNDA


  
pengertian pidato memakai bahasa sunda. syarat pidato bahasa sunda. bahan pidato bahasa sunda. isi pidato bahasa sunda. naskah pidato bahasa sunda. naskah pidato yang baik. pokok-pokok pidato. contoh pidato paturay tineung. contoh pidato sunda paturay tineung. contoh pidato sunda perpisahan sekolah. contoh pidato perpisahan sekolah bahasa sunda.


pengertian pidato memakai bahasa sunda. syarat pidato bahasa sunda. bahan pidato bahasa sunda. isi pidato bahasa sunda. naskah pidato bahasa sunda. naskah pidato yang baik. pokok-pokok pidato. contoh pidato paturay tineung

hallo teman-teman kali ini saya akan memberikan ulasan tentang pengertian pidato memakai bahasa sunda, syarat pidato, tujuan pidato, bahan pidato, isi pidato, naskah pidato, pokok-pokok pidato.
Pengertian Pidato

Pidato teh nyaeta nyarita hareupeun balarea kalawan aya tujuan maksud nu tangtu.
Syarat Pidato

1.      kudu hareupeun jalma rea

2.      kudu aya tujuan anu tangtu


Kusabab kitu nyarita di hareupeun hiji atawa dua jalma teu disebut pidato. Nu dimaksud jalma rea teu aya ukurannu pasti, tapi di dieu dibere wetes kira-kira leuwih ti dua puluh jalma. Nu dimaksud tujuan dina pidato nya eta nepikeun beja ka balarea kalawan jelas puguh hulu buntutna (kudu jelas naon tujuan na), lamun nyarita nya picung nya hulu maung teu puguh alang ujurna eta mah lain pidato ngarana, sarua bae jeung ngadenge manuk baceo


Bahan Pidato

Bahan pidato nu ku urang rek diteupikeun teh kudu di tataharkeun heula ti anggalna ulah pidato padu prung bae sangkan pidato eta aya guna jeung mangpaatna keur balarea kaharti kasurti, eces nemres beres roes teu pacampur pagaliwota.


Isi Pidato

Eusi pidato / isi pidato kudu nerangkeun nu kaharti ku umum dina waktu harita atawa kudu kaharti ku balarea nu ku urang dibere pidato harita. Upamana bae mun pidato hareupeun patani teu kudu nyaritakeun pasawat ruang angkasa Apollo nuklir tanaga atom jeung rea-rea deui sabab moal kahartieun, caritakeun we ku urang masalah tatanen, sisikian terus hubungkeun jeung nu ngadamelna nya eta Allah subhana wataala. Caritakeun masalah hujan nu ngandung mangpaat keur kasuburan jeung kajembaran para patani terus hubungkeun jeung kakawasaan Allah.


Jeung deui dina pidato carana kudu sopan ka para hadirin, nya kitu pakean kudu diperhatikeun teu kudu nu alus tapi sing bersih jeung rapih. Tinggalkeun caritaan-caritaan nu matak ngaraheutan hate urang, langkung paos mun mayunan para ibu sareng sesepuh agama.


Naskah Pidato yang baik


Naskah pidato kudu disusun kalawan rapih ulah pabaliut patukeur nu kuduna ti baheula dipandeurikeun kalakah pandeuri diheulakeun. Naskah nu ditulis kacida perluna, komo deui pikeun nu karek diajar pidato. Sok sanaos catetan-catetan saeutik sanaos nu pidatona jelema nu geus maher biasa pidato di hareupeun umum mutlak diperlukeun supaya dina nepikeun pidato teh teu poho naon kudu diteupikeun. Peryogi diemutkeun pidato nu langsung maca naskah pidato 100 % bakal mawa akibat teu aya hubungan antara nu pidato jeung di bere pidato.


Pokok-Pokok Pidato

          Pokok-Poko pidato sanajan teu ditulis tapi cukup di apalkeun bae asal puguh jujutanana.

a.      Salam bubuka

b.      Wiwitan

c.       Eusi pidato

d.      Kasimpulan

e.      Harepan-harepan

f.        Panutup (Salam panutup)


Contoh Pidato Paturay Tineung


Assalamuallaikum wr. wb.


Alhamdulillah, sadayana puji kagungan Allah, Salawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan alam. Rasullullah sallallahu alaihi wassalam.

Hatur nuhun tanpa wangenan kana tawis maridakadeudeuh ku nyarumpingan raosna ieu riuangan. Mugi Allah nu Maha Rahman kersa nampi kana kaihlasan salira.

Para hadirin sadaya parantos uninga, selenting selenting bae mah kana hal ngalihna bapa ….. ti dieu nya eta ka ….. neyepng kalungguhan ….. bade angkatna sarimbit katut eusi bumi dina dinten ….. kaping ….. jam ….. bilih aya nu palay sosonoan sajjalan tiasa daftar ka …..

Teu pinde damel, sadaya ayeuna kempel, rupina jadi hiji taiws nu munel, mangrupi kadeudeuh nu kekel ka pribadosna Bapa …. sakulawargi teh nanging dalah di kumaha ti wnagkid tanggal nu disebat bieu mahlakuning biheung tepang deui biheung lebeng ngampleng.

Sanaos kitu kahoyong mah ulah pegat ukhuwah islamiyah sok komo teuing mun dugi ka qoturrahmi, pegat kaduluran, eta kedah diragangan pisan boh ku nu ngantun boh ku nu dikantun. Saratna mangsa paturay ulah mangrupi mangsa peuray, pileleuyan-piluleuyan, dina pisahna teu mangrupi pisan pegat namung leuleuy.

Mlah rupina leuleuy teh beurat paneureuy margi kagaga ka mangsa nu tos kaliwat sering tepung lalawungan sering papendak silih bageakeun puret kabeungkeut geugeut padeukeut mun teu muntel sapertos leugeut, margina ti kawit paamprok onghok tos didasaran ku kaihlasan tur kaislaman.Mangurupi izda laki tahu fasallin alaihi. Kaduana ucapan salam karaos wuwuh subur wuwuh mamur ngahiji dina silaturahmi. Silih jungjung silih punjung silih aping silih geuing emut kana tetekon karuhun.


Jalma hirup mangkana prihatin

Nyiar luang keur geusan rumingkang

Hirup dina alam rame

Mangka nuntut jeung batur

Engon-engon nyiar rejeki

Nu kolot aku bapa

Mun pantar aku dulur

Sahandapeun aku anak

Sategesna nu disebut ngiman dalil

Rapih jeung parakanca


Karaos pisan urang dikantun ku anjeunna teh saolah olah anak hayam tilar biang ting cariak ka ditu kadieu hoyong dituktrukan dipangorehkeun. Sanes dipangorehkeun pacokeun mangrupi rizki bae ku Bapa ….. teh dipangorehkeun pacokeun rohani mangrupi tungutnan ageng ayeuna ditungtun kana condong hate ka Allah, anu di mana parantos madep mah la Tahof wala tahjan tiasa teger ajeg dina adegan iman.

Najan kitu da puguh pisah tea sebatkeun we ….. moal aya nu paturay langsung peuray, cacak-cacak paturay jeung barang anu teu pira, pulpen upamina, bakal karaos paosna, najan saliwat mah, sapoopoe mah teu paros katiten hal dipikabutuhna. Mana komo ku hal anu parantos disebat tadi.

Kukituna ayeuna mah andun kasalametan, doa pidoa…..

Teu pindo damel.

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »