Pamali Orang Sunda - Pelajar Masa Depan

Pamali Orang Sunda – Pelajar Masa Depan

pamali orang sunda. contoh-contoh pamali bahasa sunda. Ulah barang dahar bari leumpang. Ulah disimbut ku samak. Ulah gogorowokan jeung ngomong sompral lamun di leuweung. Ulah dahar dina pisin. Ulah hudang beurang teuing. Ulah lila teuing di cai. Ulah cicing di lawing panto. Ulah sedih keur kakandungan. Ulah diuk di lawang panto lamun keur hujan. Ulah ngadaharan nu asin ti peuting. Ulah ngagegelan biwir handap. Ulah ngegelan biwir luhur. Ulah ngagegelan kuku. Ulah sok ceuceurikan. Ulah heheotan ti peuting. Ulah heheotan di imah. Ulah mere saputangan ka kabogoh. Ulah nyesakeun alas dina piring. Ulah nyusut beungeut ku baju. Ulah sok nyiksa budak awewe. Ulah heheotan bari dahar. Ulah sok neunggeul bujur budak awewe. Ulah nyabutan hasil mata. Ulah nagkeup sirah ku dua leungeun. Ulah nangkeun tuur. Ulah motong kuku ti peuting. Ulah sasapu ti peuting. Ulah masang kancing baju ti peuting. Ulah nyisiran bari leumpang. Ulah mandi tengah poe. Ulah dahar cau sisina. Ulah dahar polo hayam. Ulah loba teuing dahar endog lauk. Ulah ceplak lamun barangdahar. Ulah dahar ceker hayam. Ulah ngajual cuka tipeuting.Ulah ngajual silet jeung jarum ti peuting. Ulah ngajual uyah ti peuting. Ulah make payung jero imah. Ulah hoream lamun diondang. Ulah dahar miheulaan kolot. Ulah dicukur ti peuting. Ulah sare wanci samemeh magrib. Ulah sare nangkarak bari nanggeuy sirah. Awewe ulah dahar tunggir hayam. Ulah ngorowekan ceuli ti peuting. Lamun mandi di laut ulah make pakean warna beureum jeung hejo. Ulah meuli barang urut. Ulah sare nyangirah ngaler. arti pamali. arti pamali dalam bahasa sunda

Kecap pamali hartina sarua jeung larangan atawa panyaram. Upama dilanggar matak aya akibatna. Kitu ceuk pamanggih kolot baheula mah. Sakapeung eta larangan atawa nu disebut pamali teh sok teu asup akal. Tapi upama dilenyapan mah, aya oge anu rasional, atawa kaharti ku akal.

Contona wae : ulah ngadaharan uyah bisi potong peujit. Ceuk elmu kedokteran lamun dahar uyah matak ngalantarankeun darah tinggi jeung panyakit jantung. Ulah hudang beurang matak beakeun rejeki. Kaharti, sabab lamun beurang teuing hudang mah waktu keur usaha ngan sakeudeung balukarna rejeki nu katarima ngan saeutik. Kitu oge sakola matak kabeurangan, jeung sajabana.

Contoh-contoh pamali bahasa sunda :

1.      Ulah barang dahar bari leumpang = Matak meunangkeup indung tere
2.      Ulah disimbut ku samak. = bisi fi gulung ku ombak
3.      Ulah gogorowokan jeung ngomong sompral lamun di leuweung. = bisi aya jurig nyiliwiru atawa kasurupan
4.      Ulah dahar dina pisin. = matak di era-era ku batur
5.      Ulah hudang beurang teuing. = bisi beakeun rejeki
6.      Ulah lila teuing di cai. = bisi gancang kolot
7.      Ulah cicing di lawing panto. = bisi nongtot jodo (susah mendapatkan jodoh)
8.      Ulah sedih keur kakandungan. = bisi boga budak cengeng
9.      Ulah diuk di lawang panto lamun keur hujan. = bisi disamber guludug
10.  Ulah ngadaharan nu asin ti peuting.  = bisi loba pikasediheun
11.  Ulah ngagegelan biwir handap. = matak ngalaman nasib goreng jeung seuseut rejeki.
12.  Ulah ngegelan biwir luhur. = bisi hirup loba hutang
13.  Ulah ngagegelan kuku. = bisi loba ngarandapan gugup jeung susah hate
14.  Ulah sok ceuceurikan. = bisi kolot ngarandapan musibah
15.  Ulah heheotan ti peuting. = bisi aya nu nurutan
16.  Ulah heheotan di imah. = matak didatangan mahluk sejen
17.  Ulah mere saputangan ka kabogoh. = matak pegat teu pupuguh
18.  Ulah nyesakeun alas dina piring. = matak teu akur tuju turunan
19.  Ulah nyusut beungeut ku baju. = matak loba nu ngewa
20.  Ulah sok nyiksa budak awewe. = matak dikakaya ku salakina
21.  Ulah heheotan bari dahar. = matak loba gagal lamun usaha
22.  Ulah sok neunggeul bujur budak awewe. = matak beukian sarta rebut wae jeung salakina
23.  Ulah nyabutan hasil mata. = bisi dipikangewa ku salaki
24.  Ulah nagkeup sirah ku dua leungeun. = matak buntu pikit
25.  Ulah nangkeun tuur. = matak loba masalah jeung putus asa
26.  Ulah motong kuku ti peuting. = matak pondok umur
27.  Ulah sasapu ti peuting. = matak hese nyiar rejeki
28.  Ulah masang kancing baju ti peuting. = matak gagal usaha
29.  Ulah nyisiran bari leumpang. = matak meunang kaera
30.  Ulah mandi tengah poe. = matak babari kolot
31.  Ulah dahar cau sisina. = matak kasingsalkeun
32.  Ulah dahar polo hayam. = matak loba huis
33.  Ulah loba teuing dahar endog lauk. = matak cacar
34.  Ulah ceplak lamun barangdahar. = sok diomongkeun jalma
35.  Ulah dahar ceker hayam. = bisi tulisanana butut
36.  Ulah ngajual cuka tipeuting. = matak moal akur jeung tatangga
37.  Ulah ngajual silet jeung jarum ti peuting. = usahana matak bangkrut
38.  Ulah ngajual uyah ti peuting. = usahana matak bangkrut
39.  Ulah make payung jero imah. = matak meunang kasusah
40.  Ulah hoream lamun diondang. = bisi hese jodo
41.  Ulah dahar miheulaan kolot. = mayak jauh tina rejeki
42.  Ulah dicukur ti peuting. = bisi ngimpi didatangan jalma jahat
43.  Ulah sare wanci samemeh magrib. = bisi jadi jalma gelo
44.  Ulah sare nangkarak bari nanggeuy sirah = bisi ditinggalkeun maot ku kolot
45.  Awewe ulah dahar tunggir hayam = bisi meunangkeun salaki nu teu satia
46.  Ulah ngorowekan ceuli ti peuting = matak hese rejeki
47.  Lamun mandi di laut ulah make pakean warna beureum jeung hejo = matak di kawin ku dedemit
48.  Ulah meuli barang urut = bisi kawin jeung duda atawa randa
49.  Ulah sare nyangirah ngaler = bisi ancang maot
50.  Ulah diuk dina lawang panto = bisi hese jodo

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »